Cianjur // Karang Taruna Désa Mekargalih anu perenahna di Désa Mekargalih, Kacamatan Ciranjang, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, ngayakeun kagiatan jalan santai sarta turnamén Maén Voli, Rebo (25/09/24).

Ieu acara téh diiluan ku ratusan warga ti rupa-rupa umur, ti mimiti barudak dugi ka jalma déwasa. Kagiatan ieu dilaksanakeun dina raraga miéling Milangkala (HUT) Kamerdékaan Républik Indonésia anu ka-79, kalayan ngusung téma: "Semangat 79, Langkah Sehat, Sehat Bersama, Bersama Sehat".

Dina éta kagiatan, panitia ngabagikeun hadiah ka para pinunjul turnamén Maén Voli, ti mimiti juara kahiji dugi ka juara katilu.

Deden Budiman, salaku Ketua Karang Taruna Mekargalih, nétélakeun yén dirina ngarasa reueus ku ayana ieu kagiatan.

"Sim kuring ngarasa reueus ku ayana ieu kagiatan, anu dilaksanakeun dina raraga miéling HUT RI anu ka-79," pokna.

Di tempat anu sami, Taryat Dibrata, S.Pd., M.Mpd., salaku Kepala Désa Mekargalih, maparin aprésiasi kana kagiatan anu diayakeun ku Karang Taruna Mekargalih.

"Sim kuring kacida ngaaprésiasi sarta ngadukung kana naon anu dilaksanakeun ku Karang Taruna. Mudamudahan Karang Taruna Mekargalih tiasa teras gawé bareng sareng pihak désa dina ngajalankeun program-programna," pungkas Taryat.

Laporan: Uto