CIANJUR – Sumanget babagi di bulan suci tetep ruhai sanajan katurunkeun hujan. Yayasan Riskhaal Care bareng jeung kolaborasi media Zona Pasundan, Simak Jabar, sarta Sunda Update ngayakeun aksi sosial anu jejerna "Gema Ramadhan Tebar Takjil" dina dinten Minggu (15/03/2026) tabuh 16.00 WIB.

​Ieu kagiatan dilaksanakeun di Jalan Raya Cipanas-Cianjur, merenahna di wilayah Desa Sukamanah, Kacamatan Cugenang. Sanajan cuaca rada ceudeum sarta hujan, tim tetep sumanget ngabagikeun paket takjil ka nu leumpang, nu numpak motor, nepi ka panumpang angkot jurusan Cianjur-Cipanas.

​Hadir dina éta kasempetan Ahmad Ma’muri salaku Pamimpin Redaksi Zona Pasundan, bareng jeung staf redaksi nyaéta Iwan, Ridwan, sarta Burdah.

​Ahmad Ma’muri nepikeun rasa nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong. "Hatur nuhun ka Yayasan Riskhaal Care, para donatur, sarta réngréngan media. Urang mimitian tina hal leutik, lain masalah menu atawa kadaharanana, tapi ajén sosial jeung rasa empati urang salaku umat muslim anu paduli ka sasama anu badé buka puasa," saur anjeunna.

​Dina tempat anu sarua, Iwan ogé nétélakeun yén babagi téh jadi hal penting pikeun ngalatih diri dina kahadéan. Anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun ka Ridwan jeung Burdah salaku panitia pelaksana nepi ka ieu acara bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar.

​"Simkuring ngahaturkeun nuhun pisan ka Pamimpin Redaksi Zona Pasundan anu parantos kersa sumping tebih-tebih ti Sumedang ka Cianjur kanggo ngaluuhan ieu kagiatan," ceuk Iwan. Kagiatan ditutup ku rapat bareng sarta tuang babarengan pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi. (R2)