CIANJUR – Suasana pinuh ku rasa kabungah kacida karasa di Mapolres Cianjur nalika ngaleupaskeun warga anu milu program Mudik Gratis Polri Presisi 2026. Aya 5 beus anu disiapkeun pikeun nganteurkeun sakitar 159 warga Cianjur anu bade mulang ka lemburna di Jawa Tengah jeung sabudeureunana.
Kapolres Cianjur, AKBP Dr. A. Alexander Yurikho Hadi, S.H., S.I.K., M.Si., lungsur langsung ngaleupaskeun rombongan beus kasebut. Mantanna ngajelaskeun yen ieu program teh mangrupikeun bukti nyata kadeudeuh Polri ka masarakat anu hoyong ngarayakeun Idul Fitri sareng kulawarga.
"Alhamdulillah, Polres Cianjur hoyong ngabagi rasa kameunangan sareng kulawarga di kampung ka warga masarakat di Cianjur. Kami nyayogikeun 5 beus anu tujuan utamana ka Cilacap, nanging engkéna aya ogé anu ka Solo dugi ka Jogja," saur AKBP Alexander.
Kapolres nekenkeun aya tilu poin utama anu janten dadasar dilaksanakeunana mudik gratis taun ieu:
- Ngagampilkeun Masarakat: Mantuan warga ngajalankeun tradisi mudik tanpa kabeungbeurat ku waragad transportasi.
- Kaamanan Lalu Lintas: Ngirangan tingkat kamacetan di jalan ku cara ngalihkeun pamudik kana kandaraan umum anu langkung aman.
- Ngabagi Kabagjaan: Masihan rasa bungah pikeun warga Cianjur, boh warga asli boh warga pendatang anu parantos ngiring ngawangun Cianjur.
Anu janten perhatosan, Kapolres nétélakeun yén nalika warga marudik, sakumna anggota Polres Cianjur tetep sayaga di lapangan. "Nyatana, teu aya hiji ogé anggota Polres Cianjur anu mulang ka lembur (mudik) kumargi sadayana nuju tugas dina Operasi Ketupat Lodaya. Nanging, kami milu bagja ningali masarakat tiasa kempel sareng kulawargana," tambhna deui.
Ieu program kenging pamuji anu kalintang saéna ti para pamudik. Irma (51), salah saurang pamudik tujuan Solo, ngarasa kacida kabantuna ku ayana inisiatif ti Polres Cianjur ieu.
"Taun kamari parantos miring, taun ieu ogé ngiring deui mudik gratis. Kami terang informasina kumargi aya dina grup mudik gratis. Kami kacida kabantuna ku program ieu, hatur nuhun pisan Polres Cianjur," saur Bu Irma sateuacan naék kana beus.
Polres Cianjur komitmen bade ngajantenkeun mudik gratis ieu janten kagiatan rutin taunan kanggo terus ngaladénan sareng ngayoman masarakat ka payunna. (R2)
