CIANJUR – Diskusi publik kalayan téma “Edukasi dari Desa untuk Indonesia: Koperasi Desa/Kelurahan Merah Putih sebagai Pilar Kemandirian Ekonomi Rakyat” lumangsung kalayan lungsur-langsar di Gedung Aula GOR Kodim 0608 Cianjur, Rebo (22/04/2026).
Ieu kagiatan téh jadi rohang dialog anu kabuka pikeun rupa-rupa pihak (stakeholder) dina raraga ngabahas ngeunaan panguatan koperasi desa salaku pondasi ékonomi rahayat di Kabupatén Cianjur.
Komandan Kodim 0608 Cianjur, Letkol Inf Bistok Barry Simarmata, nétélakeun yén ieu diskusi publik téh tujuanna pikeun neuleuman sakaligus néangan solusi tina rupa-rupa pasualan anu disanghareupan ku koperasi di lapangan.
“Ngaliwatan diskusi ieu, urang sadaya narékahan pikeun nampung rupa-rupa isu sarta hahalang anu aya. Sagalana dibahas babarengan, sakaligus jadi cukang lantaran pikeun médiasi stakeholder patali, boh éta pamaréntah daérah, BPN, atawa dinas koperasi,” saurna.
Sajalan jeung éta, Kapolrés Cianjur Akhmad Alexander Yurikho negeskeun komitmen Polri dina ngarojong program Koperasi Merah Putih salaku bagian tina kawijakan pamaréntah.
“Koperasi Merah Putih téh program pamaréntah. Polri mangrupakeun bagian tina pamaréntah, ku kituna teu aya kecap hanteu, anu aya nyaéta mangga (enya),” tegesna.
Samentara éta, Ketua Panitia, MIDI, nyampaikeun yén téma kagiatan ieu ngagambarkeun sumanget pikeun ngawangun Indonésia ti mimiti desa ngaliwatan panguatan koperasi.
“Judulna parantos jéntré, ti desa pikeun Indonésia. Ieu diskusi publik téh jadi wadah édukasi sakaligus panguatan koperasi desa jeung kalurahan,” pokna mungkas omongan.
Ieu diskusi dipiharep bisa ngarojong lahirna solusi anu nyata (konkrit) dina mekarkeun koperasi desa, sangkan sanggup jadi panggerak kamandirian ékonomi masarakat ti tingkat lokal nepi ka tingkat nasional. Laporan : Yudi
