CIANJUR – Warga Perumahan Gunteng Regency, Desa Bojong, Kacamatan Karangtengah, Kabupaten Cianjur, digegerkeun ku kapanggihna mayit saurang lansia di jero bumina, Salasa (14/04/2026) pasosore.

​Korban anu kanyahoan namina Misnah Siti Maryati (63) kapendak ku warga dina kaayaan parantos ngantunkeun. Diperkirakeun korban tos maot sakitar 10 dinten kapengker sateuacan kapendak.

​Ieu kajadian mimitina kanyahoan nalika warga sabudeureun ngambung ambeu anu teu ngeunah (bau bangke) tina arah bumi korban di Kapling 08, RT 01/RW 10. Lantaran curiga, warga langsung ngalapor ka pihak kapulisian sarta PMI Kabupaten Cianjur.

​Patugas Posko PMI Kabupaten Cianjur, Teguh WS, nyebatkeun yen laporan ditarima sakitar jam 16.30 WIB.

​"Sim kuring saparakanca langsung lungsur ka lokasi sanggeus nampi laporan ti warga ngeunaan ayana bau anu nyengat tina salah sahiji bumi. Korban dugaan samentawis mah ngantunkeun balukar panyawat gula (diabetes) anu karandapanna," saur Teguh nalika méré katerangan.

​Prosés evakuasi lumangsung kalayan lungsur-langsar. Tim PMI anu diwangun ku Teguh WS, Deni Rismanda, sareng Rahmat Pribadi gawé bareng jeung jajaran Polsek Karangtengah sarta anggota Sencom di lapangan.

​Kusabab kaayaan mayit anu diperkirakeun tos 10 dinten, patugas ngagunakeun papakéan husus sarta ati-ati dina prosés nangananana saluyu jeung protokol kamanusaan.

​"Mayit ayeuna parantos dievakuasi sarta dibawa ka Yayasan LDII kanggo diurus salajengna," tambahna.

​Pihak PMI Kabupaten Cianjur ngajak ka masarakat sangkan ulah asa-asa ngalapor upami aya kajadian darurat. Masarakat tiasa sumping ka Markas PMI Kabupaten Cianjur di Jl. Pangeran Hidayatullah No. 45A, atanapi nelepon ka nomer (0263) 261565 sarta WhatsApp 0858-2787-1110. (R2)