CIANJUR, 6 Méi 2026 – Kabar gumbira kanggo masarakat Cianjur anu hoyong balanja hemat kalayan kualitas anu saé. Dinten ieu, pas tabuh 12.00 WIB, AQILA FOOD sacara resmi muka cabang munggaranna di Cianjur anu lokasina strategis di Jalan KH. Abdullah bin Nuh.

​Ngusung jargon "Beli Ecer Harga Grosir", ayana AQILA FOOD di Cianjur téh mangrupikeun jawaban tina lobana paménta warga sabudeureunana. Sateuacanna, AQILA FOOD tos suksés ngawangun basis langganan anu kuat di pusatna, nyaéta di Kota Sukabumi, Jawa Barat.

​AQILA FOOD sanés ngan saukur toko biasa. Ieu gerai hadir kalayan konsép one-stop shopping anu nyayogikeun rupa-rupa pangabutuh, di antarana:

  • Sembako & Kabutuhan Pokok
  • Frozen Food (Kadaharan Beku)
  • Alat Tulis Kantor (ATK)
  • Parabot Rumah Tangga

​Anu kagungan AQILA FOOD (CV. Subagya Berkah Bersama), Deris Subagya, nétélakeun yén ieu toko téh diwangun ku dua lantai anu dirarancang sangkan palanggan ngaraos jongjon nalika balanja. Anjeunna optimis yén sistem bisnis anu tos suksés di Sukabumi bakal méré dampak positif di Cianjur.

​"Simkuring miharep operasional di Cianjur tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Ku ayana sistem resélér anu tos kuji sarta hargana anu leres-leres mirah, simkuring yakin harga di dieu kacida kompetitifna, dalah dibandingkeun sareng harga online ogé masih tiasa unggul," saur Deris Subagya.

​Lian ti éta, Deris ogé nandeskeun yén AQILA FOOD gaduh visi jangka panjang pikeun majeng sareng masarakat. Ka payunna, pihak manajémen nuju ngarencanakeun gawé bareng sareng palaku UMKM di wilayah Cianjur pikeun masarkeun produk-produk lokal di tokona.

​Pikeun ngagampilkeun palanggan anu teu tiasa sumping langsung, AQILA FOOD ogé ngalayanan pamesenan sacara online. Masarakat ayeuna tiasa kéngingkeun harga grosir sanaos balanja ti bumi. (R2)