Salah saurang warga nempoan Imahna nu kakenaan longsor di Pasir Cipiit Bojongpicung. (Foto : Ali).
Cianjur | Musibah longsor deui-deui kajadian di Kabupatén Cianjur. Gedéna hujan nu ngeplok di wewengkon Désa Sukarama, Kacamatan Bojongpicung, ngabalukarkeun hiji pasir di Kampung Cipiit ambrol, Rebo (6/5/2026) peuting.
Material taneuh, babatuan, sarta caah déngdéng tina longsoran éta langsung narajang pamukiman warga. Akibatna, 10 unit imah kakeunaan dampak, sarta 4 di ruksak beurat ampir rata jeung taneuh.
Kajadian mimitina sakitar jam 20.00 WIB nalika hujan gedé turun teu eureun-eureun. Hujan terus ngeplok nepi ka jam 22.00 WIB, sarta ujug-ujug gawir pasir di Kampung Cipiit geus teu kuat nahan cai.
"Sakabéh material longsoran sarta palidna cai langsung asup ka pamukiman Kampung Cipiit jeung Kampung Cipariuk," ceuk Wahyu Komara, Kepala Désa Sukarama.
Tina data samentara, imah-imah nu ruksak beurat di antarana milik Mak Eha, Ida, Wahyu Wibisana, Aditiya, jeung Sari di Kampung Cipiit, sarta imah Ade, Mak Empok, Hermawan, jeung Iyan.
Untungna, euweuh korban jiwa dina ieu kajadian. Sakabéh warga nu kakeunaan dampak langsung dievakuasi ka imah baraya atawa tatangga nu dianggap leuwih aman.
"Kanggo samentawis, warga teu kenging nyicingan bumina heula. Kami hariwang bilih aya longsor susulan margi taneuhna masih labil sarta hujan masih aya poténsi turun," tambah Wahyu.
Kepala Désa Sukarama ogé ngahaturkeun nuhun ka rupa-rupa pihak nu gancang tanggap mantuan warga.
"Kami ngahaturkeun nuhun ka BPBD Kabupatén Cianjur, Camat Bojongpicung, Forkopimcam, Bhabinkamtibmas, Babinsa, BPD, LPM, ormas, PP, sarta para ketua RT sareng RW nu parantos paduli sarta gerak gancang ngabantosan warga kami," pokna.
Pamaréntah désa ngélingan ka warga di sakitaran gawir sangkan tetep waspada, ngingetkeun cuaca ékstrém masih aya poténsi kajadian dina saminggu ka hareup.
