Ketua DPC PDI Perjuangan ngalantik opat ketua saya partey. (Foto : Ali).

Cianjur | Tanggap bencana teh teu kudu nunggu SK lungsur. Eta pisan anu dibuktikeun ku Badan Penanggulangan Bencana (BAGUNA) DPC PDI Perjuangan Kabupaten Cianjur. Sanajan tacan resmi dilantik, maranehna geus gerak gancang mantuan warga anu kakeunaan ku caah (banjir) nepi ka angin puyuh.

Pelantikan opat badan jeung sayap partéy tungtungna dilaksanakeun di Gedung DPC PDI-P Jalan Abdulah bin Nuh, Cianjur, Kemis (14/4/2026). Opat badan anu dikukuhkeun nyaéta BAGUNA, BBHAR, BPEK, jeung GANTI. Pelantikan dipingpin langsung ku Ketua DPC PDI Perjuangan Cianjur, Susi Susilawati, S.H., M.Pd.

Nanging, anu matak narik perhatian, para pangurus ieu tara diuk manis nunggu pelantikan hungkul. Ti béto mula, maranehna geus turun ka masarakat.

Kepala BAGUNA DPC PDI-P Cianjur, Hj. Saiful Kamal, nétélakeun yén pihakna geus ngayakeun tilu kagiatan sosial anu kacida badagna.

“Sateuacan sim kuring saparakanca dilantik, bantuan bencana caah di Jamali parantos disalurkeun dina bentuk béas. Sim kuring ogé mantuan korban angin puyuh di Haurwangi. Pondok pasantren ogé teu luput tina perhatian. Sadaya kagiatan ieu namina PDI Perjuangan, sanés BAGUNA,” saur Hj. Saiful Kamal ngaliwatan sambungan WhatsApp, Jumaah (15/4/2026) isuk-isuk.

Teu eureun di dinya, BAGUNA gaduh rencana ngayakeun layanan kuriling unggal sasih dugi ka pelosok désa jeung kacamatan di Cianjur. Rencanana, warga tiasa kénging cek kaséhatan gratis tanpa biaya sapésér-pésér acan.

“Unggal sasih sim kuring bakal kuriling. Cék kaséhatan gratis, landongna ogé digratiskeun,” tambihna pinuh ku sumanget.

Sedengkeun pikeun program tilu sasih sakali, BAGUNA bakal fokus kana pangobatan massal gratis, ngabagi béas, nepi ka ngayakeun sembako murah pikeun masarakat.

Di tengah kasiapan program-program sosial anu masif, Hj. Saiful Kamal malah nyelipkeun harepan anu nyentug kana haté. Anjeunna ngadoa mugia Cianjur teu terus-terusan kakeunaan ku musibah atawa bencana.

“Mudah-mudahan bencana teu seueur teuing. Urang ngadoa baé, ulah kajantenan bencana teras di Cianjur ieu. Upami bencana ngirangan, mangka program cék kaséhatan gratis, pangobatan gratis, sareng sembako murah tiasa jalan sakumaha rencanana,” pokna kalayan lugas.

Daptar Pangurus anu Dilantik, Hj. Saiful Kamal Kepala Badan Penanggulangan Bencana (BAGUNA), Asep Mulyadi Kepala BBHAR, Ririn Astria Kepala BPEK serta Feri Patra Kepala GANTI.

Ku ayana pelantikan ieu, warga Cianjur ayeuna tiasa ngaharepkeun aya garda panghareupna anu sayagi mantuan, boh nalika aya bencana boh dina kahirupan sapopoé.