Relawan lingkungan melak tatangkalan pikeun ngajaga alam. (Foto : Ali).
Garut | Di tengah-tengah beuki raména isu krisis iklim, ruksakna leuweung, jeung bencana ékologis anu terus ngancam rupa-rupa daérah, teu loba kelompok anu bener-bener panceg sarta pengkuh bertahan di lapangan. Loba gerakan anu lahir kalawan sumangat anu kacida gedéna, tapi lila-lila leungit sanggeus dokuméntasi résépsi jeung sérémoni lekasan.
Nanging, hal anu béda terus ditémbongkeun ku Paguyuban Kolaborasi Hijau Garut.
Tanpa aya sora anu tatalépa pikeun panyitraan, ieu komunitas teh terus ngabuktikeun ayana ngaliwatan aksi anu nyata: melak, ngarawat, ngajaga sirah cai (mata air), nepi ka ngahudangkeun deui kasadaran masarakat ngeunaan pentingna hubungan antara manusa jeung alam sabudeureunana.
Sumangat éta katémbong deui dina kagiatan anu jejerna “Hijaukan Bumi, Lestarikan Negeri” anu diayakeun babarengan jeung Green Forest Indonesia (greenforest.id) sarta mahasiswa Fakultas Kehutanan Universitas Winaya Mukti (FAHUTAN UNWIM) di kawasan Puncak Batu jeung Gunung Congkrang, Désa Mekarjaya, Kacamatan Cikajang, Kabupatén Garut, Saptu (23/5/2026).
Kagiatan kasebut lain saukur agenda melak tatangkalan biasa. Ieu mangrupa bukti jeung panegasan yén gerakan Kolaborasi Hijau téh lain komunitas musiman anu ngan saukur daratang nalika isu lingkungan keur haneut dipadungdéngkeun, tapi mangrupa gerakan akar rumput anu terus tumuwuh alatan ayana konsistensi.
Di kala loba gerakan anu ngan saukur eureun dina foto simbolis keur melak, Paguyuban Kolaborasi Hijau mah kalahka ngabangun budaya ngarawat jeung ngajaga.
Ketua Paguyuban Kolaborasi Hijau Garut negeskeun yén melak téh ngan saukur léngkah awal. Pikeun dirina, tangkal téh lain ngan saukur obyék keur panghéjoan, tapi mangrupa titipan masa depan anu kudu dijaga babarengan.
“Gerakan kolaborasi ieu moal eureun dina sérémoni melak wungkul. Sanggeus dipelak, tangkalna kudu diurus jeung dijaga nepi ka bener-bener jadi badag sarta méré mangpaat boh keur lingkungan, boh keur masarakat,” pokna negeskeun.
Éta caritaan téh saolah-olah jadi kritik lemes pikeun loba kagiatan panghéjoan anu ngan saukur lekasan jadi formalitas tanpa aya jalanna tuluyna (keberlanjutan).
Di lamping-lamping pagunungan Garut, Paguyuban Kolaborasi Hijau justru ngabuktikeun yén konsistensi téh leuwih penting tibatan popularitas.
Maranéhna hadir lain ngan saukur nalika aya program, tapi tetep baralik deui pikeun mastikeun yén tangkal anu dipelak téh tetep hirup.Ayana ieu gerakan ogé beuki meunang perhatian ti rupa-rupa pihak.
Sanggeus sababaraha kali ngayakeun kolaborasi jeung komunitas sarta mahasiswa ti rupa-rupa paguron luhur, ayeuna pangrojong (dukungan) datang ti Green Forest Indonesia jeung mahasiswa kehutanan anu milu turun langsung ka kawasan konservasi.
Rizki ti Green Forest Indonesia nyebutkeun yén ayana gerakan kawas Kolaborasi Hijau téh jadi harepan anu kacida pentingna di tengah ancaman ruksakna lingkungan anu beuki nyata.
Poé ieu ancaman lingkungan beuki serius. Kusabab éta, kuring ngarasa bungah kacida lantaran masih aya masarakat anu bener-bener paduli jeung sadar pikeun ngajaga alam,” pokna.
Dina éta kagiatan, aya 112 tangkal anu hasil dipelak, di antarana tangkal eukaliptus rainbow, mahoni, jeung beringin (kiara) di sababaraha titik kawasan konservasi anu salila ieu jadi fokus panghéjoan Paguyuban Kolaborasi Hijau Garut.
Anu narik perhatian, ieu gerakan boga tradisi anu pinuh ku harti. Unggal aya kolaborator anyar anu ngagabung, pasti ditandaan ku melak tangkal beringin, minangka simbol kahirupan, panyalindungan, kateguhan, jeung tuluy-tumuluy (keberlanjutan).
Mahasiswa FAHUTAN UNWIM ogé meunang kasempetan melak dua tangkal beringin di kawasan sirah cai Puncak Batu minangka simbol tumuwuhna komitmen babarengan dina ngajaga alam.
Henteu ngan saukur eureun dina melak, para pamilon ogé diajak nyusuri kawasan Gunung Congkrang pikeun ningali langsung tangkal-tangkal anu saméméhna geus dipelak jeung ayeuna geus mimiti galedé. Éta pamandangan téh jadi jawaban anu nyata yén gerakan panghéjoan moal ngahasilkeun parobahan lamun teu dijaga ku kasabaran jeung konsistensi.
Maranéhna ogé ngalongok kawasan Leuweung Panganten Kolaborasi Hijau, hiji kawasan anu ayeuna geus pinuh ku rupa-rupa jenis tutuwuhan leuweung sarta jadi rohangan édukasi konservasi pikeun masarakat jeung generasi ngora.
Ti kawasan pagunungan Garut, Paguyuban Kolaborasi Hijau keur némbongkeun hiji talatah atawa pesen anu penting, yén ngajaga bumi téh teu cukup ngan saukur ku slogan wungkul.
Hal ieu merasakeun kawanter pikeun tetep bertahan, tetep melak, jeung tetep ngarawat sanajan perhatian jeung sorotan jalma loba geus mimiti leungit.
Sabab pikeun maranéhna, panghéjoan téh lain saukur kagiatan sakedapan, melainkan perjuangan anu panjang pikeun ngajaga kahirupan.
