CIANJUR – Komite Olahraga Nasional Indonesia (KONI) Kabupatén Cianjur sacara resmi ngayakeun runtuyan tés kaséhatan sarta tés fisik pikeun para atlet anu bakal bajoang di Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) XV Jawa Barat 2026. Ngusung téma "Kolaborasi Nuju Prestasi", ieu kagiatan téh jadi léngkah awal kasiapan kontingén Cianjur pikeun ngahontal targét maksimal dina ajang olahraga tingkat provinsi.
Ieu kagiatan meunang pangrojong (support) langsung ti rupa-rupa séktor, di antarana RSUD Cianjur, Dinas Kaséhatan (Dinkes) Kabupatén Cianjur, Universitas Suryakencana (Unsur), sarta Bank BJB. Sinergi ieu mastikeun unggal atlet meunang pamariksaan médis sarta ukuran fisik anu akurat luyu jeung standar profésional.
Acara ieu dihadiran langsung ku Bupati Cianjur, dr. Mohammad Wahyu Ferdian, Sp.OG, anu sacara simbolis masrahkeun bantuan inséntif sarta kadeudeuh gedéna 1 Miliar Rupiah ka para atlet. Éta dana téh dialokasikeun pikeun tunjangan salila tujuh bulan ka hareup pikeun ngarojong kaperluan latihan jeung karaharjaan para atlet.
Dina biantarana, Ketua Umum KONI Kabupatén Cianjur, Beny Rustandi, negeskeun yén paméréan inséntif ieu mangrupa wujud aprésiasi sakaligus pamecut sumangat pikeun para pajoang olahraga.
"Inséntif ieu kedah janten sumangat tambihan kanggo para atlet. Kalayan ayana pangrojong karaharjaan anu saé, urang sadaya miharep para atlet tiasa pokus pinuh kana ningkatkeun performa di lapangan," saur Beny Rustandi.
Bupati Cianjur, dr. Mohammad Wahyu Ferdian, Sp.OG, nyatakeun komitmen pamaréntah daérah pikeun terus ngaktifkeun poténsi olahraga di Cianjur. Anjeunna miharep ku digelontorkeunana dana langkung ti 1 miliar rupiah ieu tiasa ngahudangkeun sumangat juang para atlet.
"Sim kuring ngarojong pinuh kana ningkatkeun kamampuh para atlet. Mudah-mudahan Cianjur tiasa nambih prestasi anu langkung saé, sarta cabang-cabang olahraga sanésna ogé tiasa janten juara. Titip amanat, jaga kaséhatan, pola tuang, sarta istirahat anu cekap supados kondisi tetep jagjag," saur Bupati Wahyu.
Ketua Pelaksana Kagiatan, Dr. Neng Fitri Amalia, S.Pd., M.Pd., ngalaporkeun yén ieu tés téh dituturkeun ku jumlah 334 atlet, anu diwangun ku 212 atlet pameget sarta 122 atlet istri. Sakabéh pamilon asalna ti 40 cabang olahraga (cabor).
"Ti 40 cabor anu miluan, urang tos metakeun cabor-cabor unggulan kalayan targét naékna prestasi anu signifikan dibandingkeun taun-taun sateuacanna," jéntré Dr. Neng Fitri.
Sumangat anu luhur ogé jolna ti para atlet, salah sahijina nyaéta Nida Aulia Mughni (20), atlet ténis méja ti Universitas Suryakencana. Anjeunna ngarasa kacida kamotivasina ku ayana perhatian ti pamaréntah sarta KONI.
"Mugia ku ayana tés ieu sareng pangrojong anu aya, abdi sareng réncangan tiasa terus latihan kalayan sumangat. Targét abdi mah tangtos tiasa kénging medali emas kanggo Cianjur di Porprov XV engké," pokna Nida.
Ngaliwatan tés fisik sarta kaséhatan ieu, KONI Cianjur miharep gaduh data anu akurat ngeunaan kondisi kabugaran atlet, supados program latihan ka payunna tiasa disusun langkung éféktif demi ngawujudkeun visi Cianjur salaku salah sahiji kakuatan olahraga di Jawa Barat. (R2)
