Nyebar Kanyaah di Poe Rayagung, PCNU Cianjur Peuncit 1 Sapi jeung 7 Domba (Poto: Ali).
Cianjur | Dina raraga mapag Poé Raya Idul Adha 1447 H, Pangurus Cabang Nahdlatul Ulama (PCNU) Cianjur ngayakeun meuncit jeung ngabagikeun sato kurban mangrupa 1 sapi jeung 7 domba pikeun masarakat anu merlukeun.
Ieu kagiatan dilaksanakeun di Pakarangan Kantor PCNU Cianjur, Jl. Perintis Kemerdekaan, Désa Sirnagalih, Kacamatan Cilaku, Kabupatén Cianjur, dinten Kemis (28/05/2026).
Ibadah kurban ieu jadi bukti komitmen PCNU Cianjur dina melak ajén inajén paduli sasama, kebersamaan, sarta sumanget babagi ka masarakat, pangutamana keur warga anu tacan kabagean.
Kajaba ti éta, Ketua Panitia Kurban, KH. Abdullah Syakir nganyatakeun rasa sukur puji sabab ieu kagiatan kurban taun ayeuna bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar sarta pinuh ku kahusukan.
“Alhamdulillah, taun ayeuna PCNU Cianjur tiasa ngalaksanakeun meuncit 1 sapi sareng 7 domba anu satuluyna dibagikeun ka masarakat anu meryogikeun. Ieu mangrupikeun wujud kanyaah sarta pangabdian Nahdlatul Ulama ka umat,” pokna.
Anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngiringan sarta ngabantos nyukseskeun ieu acara.
“Simkuring ngahaturkeun nuhun ka para donatur, panitia, kader NU, para relawan, sarta sadaya pihak anu parantos aub dina kagiatan kurban ieu. Pamugi sadaya kontribusi, pangorbanan, sareng kasaéan anu dipaparinkeun janten amal ibadah sarta kénging balesan ganjaran ti Allah SWT,” tambihna.
Di tempat anu sami, Wakil Ketua PCNU Cianjur, Jamiludin ngaharepkeun momentum Idul Adha ieu tiasa beuki ngaraketkeun ukhuwah islamiyah sarta ngaronjatkeun rasa paduli sosial di tengah masarakat.
“Simkuring ngaharepkeun sumanget kurban téh teu ngan saukur dimaknai salaku ibadah wungkul, tapi ogé janten momentum pikeun nguatkeun rasa kebersamaan, silih pikaényaah, sareng gotong royong antar sasama,” saurna.
Kagiatan ngabagikeun daging kurban ieu meunang pangbagéa anu hanteu (antusias) ti masarakat sabudeureunana.
PCNU Cianjur ngaharepkeun kagiatan sosial sarta kaagamaan modél kieu tiasa terus lumangsung sacara tuluy-tumuluy demi maparin mangpaat anu lega keur masarakat.
