Peduli Kaséhatan, Warga Campaka Antusias Ngiringan Donor Getih. (Poto: Ali).
Cianjur | Puluhan warga antusias daratang ka gedung UPTD Puskesmas Campaka, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, kanggo ngadonorkeun getihna, Kemis (21/5/2026).
Kagiatan aksi kamanusaan ieu diinisiasi langsung ku pihak puskesmas satempat. Ti ngawitan énjing-énjing, suasana di lokasi parantos katingal rame.
Para pamilon daratang silih ganti kanggo ngajalanan pamariksaan kaséhatan gratis sateuacan dinyatakeun layak donor.
Kagiatan anu lumangsung ti tabuh 08.00 dugi ka 12.00 WIB ieu disambut positip ku masarakat boh padamel di sabudeureunana, ngagambarkeun luhurna kasadaran ngeunaan pentingna ngabantu sasama.
Kepala UPTD Puskesmas Campaka, dr. Tito Nurtansyah, ngadugikeun yén aksi donor getih ieu diayakeun kanggo ngarojong kasadiaan stok getih di wilayah Kabupatén Cianjur.
Salian ti éta, agenda ieu tujuanna pikeun nguatkeun sinergi antara lembaga kaséhatan, masarakat, sareng unsur korporasi di lingkungan sabudeureunana.
“Ku sumanget kabersamaan, kagiatan donor getih ieu dipiharep tiasa masihan dampak positip anu langkung jembar kanggo masarakat Cianjur,” saur dr. Tito.
Anjeunna nambihan, kagiatan ieu ditargetkeun janten agenda rutin salaku wujud kontribusi nyata pihak puskesmas ka masarakat.
Rupi-rupi sarat kanggo janten pondonor parantos disosialisasikeun sacara écés, ngawitan ti watesan umur 17–65 taun, kaayaan awak séhat, beurat badan minimal 45 kg, dugi ka katangtosan nuju teu boga kandungan (hamil) kanggo pamilon istri.
Dumasar kana data di lapangan, kacatet aya 47 jalmi anu daptar dina aksi sosial ieu.
Saatos ngalangkungan prosés skrining kaséhatan anu ketat, aya 32 jalmi anu dinyatakeun lolos sarta hasil ngadonorkeun getihna.
