CIANJUR – Anggota Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kabupaten Cianjur, Irwan, S.Pd., deui turun ka tengah masarakat dina raraga ngalaksanakeun agenda Reses Masa Sidang ka-3 Daerah Pemilihan (Dapil) 2 Taun Sidang 2025-2026.

Kagiatan ieu lumangsung kalawan khidmat di Aula Desa Mangunkerta, Kacamatan Cugenang, dina poé Jumaah (22/5/2026).

​Acara éta dihadiran langsung ku Kepala Desa Mangunkerta Ira Rismayati, Babinsa, Bhabinkamtibmas, para tokoh masarakat, ketua RT jeung RW, sarta ratusan warga sakitar nu antusias nepikeun aspirasina.

​Dina sési wawancara, Irwan, S.Pd. negeskeun yén agenda ieu mangrupa wujud minuhan kawajiban konstitusionalna salaku wakil rakyat pikeun ngajemput langsung aspirasi di tingkat handap.

"Dinten ieu sim kuring ngalaksanakeun kawajiban salaku anggota DPRD. Ieu téh reses anu ka-5 kalina, sareng kantun sakali deui reses kanggo periode ieu. Alhamdulillah, antusiasme warga di Desa Mangunkerta luar biasa pisan," ceuk Irwan.

​Dumasar kana hasil pemilu kamari, perolehan sora pangluhurna di wewengkon Kacamatan Cugenang aya di désa ieu.

"Kabeneran sora sim kuring panglobana kanggo wewengkon Cugenang aya di Desa Mangunkerta. Ku kituna, sim kuring ngajadikeun Desa Mangunkerta ieu salaku désa binaan," tambhna.

​Patali jeung aspirasi nu asup, Irwan nyatet sababaraha poin krusial anu didominasi ku masalah infrastruktur désa. Di antarana nyaéta perbaikan Tembok Penahan Tanah (TPT) akibat seueurna irigasi anu bobol, sarta kabutuhan saluran pipanisasi cai bersih.

​Salaku komitmen nyata, Irwan ngumumkeun yén salah sahiji program bantuan bakal énggal cair dina waktos caket ieu.

"Insya Allah, dina bulan ieu sim kuring bakal ngarealisasikeun (program) di Kampung Cariu. Ka payunna, sim kuring ogé bakal terus merjuangkeun sadaya aspirasi warga sanésna, kalebet asupan kanggo ngoméan lapangan maén bal di Kampung Cariu supados tiasa representatif janten tempat ulin sareng kagiatan positip warga," tegasna.

​Di tempat anu sami, Kepala Desa Mangunkerta, Ira Rismayati, nepikeun apresiasi sareng rasa tumarima anu jero kana kadatangan sareng kapadulian Anggota DPRD Cianjur éta.

"Sim kuring ngahaturkeun nuhun pisan kana kadatangan Bapak Irwan. Mugi-mugi ayana anjeunna mawa berkah kanggo urang sadaya, khususna warga Mangunkerta. Salah sahiji realisasi nyata dinten ieu, anjeunna masihan bantuan aspirasi mangrupi pipanisasi lingkungan sarta pangwangunan MCK anu diperyogikeun ku 15 Kepala Kulawarga (KK)," saur Ira.

​Ira ogé miharep aksi nyata ieu tiasa janten conto kanggo legislator sanésna di Kabupaten Cianjur. "Mugi-mugi sadaya anggota dewan anu aya di Cianjur tiasa turun langsung ka lapangan ngadangukeun sora masarakat sapertos anu dilakukeun ku Bapak Irwan," pungkasna. (Dadang Yudi)