Gedor Panto Bari Ngancem, Nu Boga Imah Nyingreum ti Jero bari Geumpeur. (Poto : Ilustrasi AI).

Cianjur | Nasib apes ninggang Ai Rahmawati, saurang jurnalis awéwé di Cianjur, benerna mah di Perumahan Puri Indah Residence, Désa Sindangasih, Karangtengah. Manéhna didatangan tur diteror ku dua lalaki anu teu dikenal dina poé Rebo (27/5/2026) peuting kira-kira tabuh 21.30 WIB.Wanci harita, pangeusi imah geus tibra saré.

Sakedet netra, éta dua lalaki téh ngagedor panto kalawan tarik pisan bari ngaluarkeun kalimah anceman anu matak reuwas.

“Kondisi kuring harita masih satengah sadar. Kuring langsung hudang sarta pas muka panto, katénjo aya dua lalaki anu langsung lumpat ninggalkeun pakarangan imah,” ceuk Ai bari semu salempang.

Ngadéngé kajadian ieu, Ketua PWI Perwakilan Cianjur, Mochamad Iksan, langsung pasang badan. Manéhna ménta pihak kapolisisan geura gerak ngalakukeun investigasi sangkan teu timbul asumsi anu anéh-anéh di masarakat.

“Kasus ieu kudu geura diusut tuntas sangkan sagalana caang padang. Urang kudu nyaho naon motifna jeung saha sabenerna éta dua lalaki téh,” ceuk Iksan.

Iksan meunteun yén panyalidikan ieu penting pisan demi ngajaga kaamanan, hususna keur para jurnalis anu keur pancén gawé. Manéhna ogé nanyakeun naha aksi téror ieu téh masalah pribadi atawa aya pakaitna jeung pihak tangtu.

“Wartawan téh aya di garda pangharepna pikeun nyuarakeun bebeneran, jadi mémang gampang meunang anceman. Téror kawas ieu jelas ngancem kabébasan pers jeung démokrasi urang,” tambahna.

Sanajan kitu, Iksan ngaku angger percaya kana kinerja kapolisian satempat dina ngaréngsékeun ieu kasus.


“Kuring percaya Polres Cianjur bisa nindak profésional pikeun ngabongkar motif di balik téror ieu,” pungkas Iksan.