Saréana 6 Tangkal di Jalan Raya Haurwangi Dipangkas ku DLH Cianjur. Foto : Ali).
Cianjur | Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupatén Cianjur mangkas genep tangkal di katuhu-kéncaeun jalan (Kakija) Raya Cianjur–Bandung.
Pamangkasan ieu merenahna dilakukeun di payuneun Kantor Cabang Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Kacamatan Haurwangi, Kabupatén Cianjur.
Proses pamangkasan ieu ogé dibantos ku sajumlah patugas ti PUPR Cianjur, PUTR Ciranjang, anggota Polsek Bojongpicung, sarta anggota Trantib Kacamatan Haurwangi, turut kasumpingan ogé ti PU Bina Marga Nasional Cabang Cianjur sareng PLN.
Pengendali Dampak Lingkungan DLH Kabupatén Cianjur, Lia Amalia, ngajelaskeun yén pamangkasan tangkal kasebat dilakukeun dumasar kana pangajuan ti pihak Kepala Cabang Dinas Pendidikan, Pamaréntah Kacamatan Haurwangi, Pamaréntah Désa Ramasari, sareng masarakat sabudeureunana.
"Pamundut anu diajukeun saleresna cekap seueur. Nanging, saatos diverifikasi, nembé genep tangkal anu mantes dipangkas. Hal ieu dilakukeun kanggo ngantisipasi hal-hal anu teu dipiharep, utamina tangkal rungkad alatan angin ageung anu tiasa ninggang pangguna jalan," saur Lia.
Anjeunna ngajak ka sakumna warga Kabupatén Cianjur supados ngalapor upami mendakan tangkal anu parantos bobo (rapuh) atanapi ngabahayakeun kasalametan.
Warga tiasa ngintunkeun serat permohonan ka Kepala DLH ngaliwatan Pamaréntah Kacamatan atanapi Pamaréntah Désa satempat, kalayan alesan kasalametan anu tétéla sanés kanggo kapentingan bisnis.
"Kami sayogi mangkas sareng nuar tangkal upami kinten-kinten ngabahayakeun seueur pihak, sanés kusabab faktor bisnis. Mangga kintunkeun serat pangajuan ngaliwatan pamaréntah kacamatan sareng désa satempat," tambihna.
Samentawis éta, Camat Haurwangi, Yadi Supriyadi, ngabenerkeun yén pihakna parantos lami ngajukeun permohonan pamangkasan kasebat.
Pangajuan dilakukeun saprak kajantenan bencana alam angin ageung anu marengan hujan lebat dina sasih pengker.
"Kami bersyukur pamangkasan ieu ahirna dilaksanakeun ayeuna. Sateuacanna, belasan tangkal di Jalan Mekarwangi ogé parantos dipangkas," pokna Yadi mungkas cariosanana.
