Ngawakilan relawan ti Jakarta, Sinta mikeun bantuan pikeun korban kakeueum caah di Jamali. (Foto : Ilustrasi AI).

Cianjur | Musibah caah anu narajang Kampung Jamali, Kacamatan Mande, Kabupatén Cianjur ngakibatkeun puluhan kapala kulawarga jadi korban. Ampir sakabéh parabot rumah tangga warga ruksak alatan kakeueum ku cai caah anu narajang éta wilayah.

Dumasar kana pantauan di lapangan, kaayaan pangungsian ayeuna tos mimiti katingal saé.

Sawareh warga parantos mutuskeun kanggo mulang ka bumina masing-masing sanajan kaayaan wangunan imahna ruksak katarajang caah. Samentawis éta, sawareh deui masih kénéh ngungsi di bumi baraya atanapi tatangga anu bumina aman tina musibah.

Salah sahiji pangabutuh anu paling daria (mendesak) sareng kedah diprioritaskeun ayeuna téh nyaéta tuangeun anu tos jadi (siap saji) sareng pakakas masak. Pasolanna, seueur warga anu kaleungitan parabot dapur alatan caah, sahingga hésé upami kedah nyiapkeun tuangeun sorangan.

Sinta, salah saurang rélawan anu turun langsung ngabantosan nanganan musibah di Kampung Jamali, nétélakeun yén dirina sareng réngréngan rélawan ti Jakarta parantos ngintunkeun bantosan kanggo para korban caah.

"Sim kuring parantos ngintunkeun bantosan mangrupi kompor gas sareng pangabutuh sanésna kanggo ngenténgkeun beban warga anu kakeueum," saur Sinta, Kemis (14/5/2026).

Para rélawan ngaharepkeun bantosan anu dipasihan téh tiasa dimangpaatkeun kalayan saé ku warga anu masih kénéh aya di pangungsian atanapi anu parantos mulang ka bumina masing-masing.

Dugi ka ieu wartos diturunkeun, warga sasarengan sareng aparat satempat sarta rélawan masih terus ihtiar meresihan sésa-sésa caah sarta ngadata sacara lengkep jumlah korban ogé karuksakan anu aya.