2 diantawis 9 imah rusak enteng hateupna katarajang angin puting beliung poe Rebo (24/6/2026). (Poto : Ali).
Cianjur,- Angin puting beliung anu dibarengan ku hujan gedé narajang wewengkon Kampung Sindang Kasih, RT/RW 02/01, Désa Cidadap, Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur, dinten Rebo (24/6/2026) kira-kira jam 17.00 WIB.
Kajadian ieu nyababkeun sahenteuna salapan unit imah warga ruksak enteng dina bagian hateupna.
Dumasar kana laporan anu ditampi ku Bupati Cianjur ngaliwatan Koordinator Retana Kacamatan Campaka, Romi, kajadian lumangsung gancang nalika hujan gedé ngaguyur wewengkon éta.
"Angin anu gancang narajang padumukan anu padat penduduk sarta ngaruksak kenténg sareng struktur hateup imah warga,"ceuk Romi, Rebo peting.
Kapala Désa Cidadap sareng unsur Babinsa, Bhabinkamtibmas, parangkat désa, kitu ogé Korcam sareng Kordes Retana langsung turun ka lokasi pikeun ngalaksanakeun asesmen sareng pendataan.
Tina hasil pendataan samentawis, kacatet salapan kapala kulawarga (KK) anu kapangaruhan kalayan total 29 jiwa, nyaéta:
1. Uu Supriadi – 6 jiwa
2. Yadi – 5 jiwa
3. Erwin Ardiansyah – 2 jiwa
4. Enan – 2 jiwa
5. Jumron – 2 jiwa
6. Kulsum – 1 jiwa
7. Asep Edi Mulyadi – 4 jiwa
8. Samsul Rizal – 4 jiwa
9. Nurdin – 3 jiwa
Romi nerangkeun, karugian matéri akibat ruksak enteng dina wangunan imah diperkirakeun ngahontal Rp13.000.000 (tilu belas juta rupiah).
"Tim di lapangan parantos ngalaksanakeun penanganan darurat kalayan ngalereskeun saabisna bagian hateup anu ruksak supados imah-imah anu kapangaruhan tiasa dihuni deui dina wengi éta,"pokna.
Nepi ka berita ieu diturunkeun, teu aya korban jiwa dina kajadian éta. Pamaréntah désa satempat terus koordinasi sareng aparat kacamatan sareng kabupatén pikeun mastikeun bantosan salajengna pikeun warga anu peryogi.

