CIANJUR, 10 Juni 2026 – Desa Sukamanah, Kacamatan Cugenang, deui jadi pusat perhatian nasional dina widang pemberdayaan masarakat. Poe ieu, Desa Sukamanah nampa kunjungan kerja ti staf ahli Kementerian Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak (KemenPPPA) RI anu dipingpin ku Andi Muhammad Jupri.
Kunjungan ieu teh mangrupa tindak lanjut tina pasamoan antara Wakil Menteri PPPA jeung Dinas Pertanian Kabupaten Cianjur pikeun nitenan kamekaran Kelompok Wanita Tani (KWT) jeung kelompok tani awewe anu sumebar di Kabupaten Cianjur.
Kepala Desa Sukamanah, Indra Surya Pradana, S.Pd., S.H., mapag rombongan kementerian kalayan sumanget. Dina biantarana, anjeunna negeskeun yen Pamaréntah Desa Sukamanah salawasna ngajadikeun keterwakilan awéwé salaku pilar utama dina unggal pangwangunan.
"Saluyu sareng jargon kami, Sukamanah Gembira, awéwé di désa kami salawasna jadi motor panggerak tur inspirasi dina unggal pangwangunan. Ayana awéwé méré warna jeung sumanget pikeun urang terus maju," saur Indra Surya Pradana.
Dina kasempetan éta, Indra ngadadarkeun kumaha Desa Sukamanah hasil ngamangpaatkeun Dana Desa taun 2024 pikeun ngawangun Sarana Literasi Terpadu. Fasilitas ieu jadi puseur kagiatan pemberdayaan awéwé, KWT, nepi ka program perlindungan anak anu inovatif, nyaéta Ngabaur (Ngasuh Barudak Ulin di Hari Libur).
Program Ngabaur anu ngawengku kagiatan maca, kreasi seni, nepi ka ngamumulé kaulinan lembur ieu geus meunang apresiasi anu jembar, kaasup kunjungan ti Ibu Gubernur dina taun 2024 sarta pangajén salaku Desa Layak Anak dina taun 2025 ti Komisi Perlindungan Anak.
Samentara éta, wawakil KemenPPPA RI, Andi Muhammad Jupri, nétélakeun yén kunjungan ieu tujuanana pikeun ngapetakeun kabutuhan kana paningkatan kapasitas awéwé tani. Anjeunna miharep hasil produksi KWT bisa terintegrasi sacara regulér jeung program pamaréntah saperti dapur Makan Bergizi Gratis (MBG).
"Harepan kami, awéwé Cianjur terus sumanget dina tani. Sanés ngan ukur kanggo ketahanan gizi kulawarga, tapi ogé ngaronjatkeun kamandirian ékonomi maranéhna. Kami nampung aspirasi masarakat ngeunaan kabutuhan sarana persemaian anu leuwih jembar, pelatihan pengemasan produk, sarta ngayakeun gerai husus pikeun wadah pemasaran hasil produksi warga Sukamanah," jelas Andi.
Indra Surya Pradana nambihan, pihakna miharep kunjungan ti pamaréntah pusat ieu bisa mawa kabijakan anu tetep (berkelanjutan) pikeun masarakat. "Kami komitmen pikeun terus ngoptimalkeun peran awéwé dina pangwangunan désa supaya Desa Sukamanah tetep jadi désa unggulan anu mawa mangpaat nyata pikeun sakabéh warga," pungkas Kapala Désa anu sering disapa Kang Indra ieu.
Kagiatan éta ogé dihadiran ku jajaran Pamaréntah Kacamatan Cugenang, pihak Polsek, UPTD Pertanian, sarta para kader awéwé Desa Sukamanah. (R2)
