CIANJUR, 1 Juni 2026 – Suasana haneut tur pinuh ku kakulawargaan karasa pisan di Tugu Gentur, Jalan Dr. Muwardi, Bojongherang, Kabupaten Cianjur. Ratusan pangemudi ojek online, anggota Persatuan Motor Ojek Cianjur (PMOC), sarta para sopir treuk ngariung babarengan dina agenda silaturahmi sareng Kapolres Cianjur, AKBP Dr. A. Alexander Yurikho Hadi, S.H., S.I.K., M.Si., M.M., M.H.I., M.I.P.
Kegiatan anu dilaksanakeun dina raraga mapag momentum Idul Adha ieu mawa téma anu nyentuh haté, nyaéta "Kala Roda Menepi, Kala Hati Berbagi". Ieu acara téh diinisiasi langsung ku Kapolres Cianjur salaku wujud pangajén ka para "pejuang jalanan" anu unggal poé ngabdikeun diri di jalur transportasi Cianjur.
Kasatlantas Polres Cianjur, Aang, nétélakeun yén kegiatan ieu jadi wadah komunikasi dua arah antara kapulisian jeung masarakat anu maké jalan.
"Kegiatan ieu jadi ajang urang sadaya kanggo diskusi sareng silih curhat sareng réréncangan di lapangan. Salian ti ngaraketkeun duduluran, urang ogé masihan edukasi ngeunaan tata tertib lalu lintas supados tercipta kaamanan, kasalametan, katartiban, sareng kalancaran lalu lintas (Kamseltibcarlantas)," saur Aang.
Dina agenda anu dingaranan "Polantas Menyapa" ieu, pihak kapulisian henteu ngan ukur fokus ka komunitas ojek kamtibmas, tapi ogé ngarangkul sakabéh élémén pangemudi di Cianjur. Salah sahiji poin penting anu ditekenkeun dina edukasi éta nyaéta ngeunaan pamakéan knalpot brong anu sok matak ngaganggu masarakat.
"Urang teras ngédukasi réréncangan pangemudi ngeunaan larangan pamakéan knalpot brong sacara kontinyu. Hal ieu dilakukeun demi ngajaga kanyamanan sareng katartiban masarakat di lingkungan sabudeureun," tambahna.
Ngaliwatan kegiatan ieu, dipiharep sinergi antara kapulisian jeung para palaku jasa transportasi di Cianjur beuki kuat. Sumanget silih asih dina momentum Idul Adha ieu dipiharep tiasa ngawujudkeun budaya tartib lalu lintas anu dimimitian tina rasa silih hargaan antar sasama pamaké jalan. Laporan : Dayu
