CIANJUR – Dina raraga ngawujudkeun generasi penerus anu miboga karakter kuat tur ngajunjung ajén-inajén budaya, Kelompok Kerja Guru (KKG) Basa Sunda sa-Kecamatan Cilaku ngayakeun kagiatan Workshop Implementasi Budaya Panca Waluya. Kagiatan anu museur kana ngolah rasa, ngolah pikir, tur ngolah ati sanubari ieu lumangsung kalawan khidmat di Gedung Kordik Kecamatan Cilaku, Kabupaten Cianjur, Jawa Barat.

​Workshop ieu dirarancang pikeun ngabekelan para pendidik di tingkat Sakola Dasar (SD) sangkan mampu ngintegrasikeun nilai-nilai kearifan lokal dina prosés diajar-ngajar. Tujuan utamana nyaéta ngawujudkeun murid anu cageur (sehat), bageur (saé budi parangina), bener (jujur), tur singer (terampil/cerdas).

​Sutisna, salaku panitia pelaksana kagiatan, negeskeun pentingna ngajaga idéntitas budaya di tengah arus modérnisasi. Numutkeun anjeunna, guru Basa Sunda miboga peran strategis salaku garda hareup dina ngajaga sangkan basa jeung nilai luhur Sunda henteu leungit dina kahirupan sapopoé.

​"Kagiatan ieu téh agenda rutin KKG guru Basa Sunda anu dilaksanakeun sacara giliran. Sim kuring ngarasa bungah pisan ku antusiasme para pamilon anu luar biasa, kacatet 90 persén guru hadir sarta aub aktif dina ieu kagiatan. Ieu sanés ukur acara serémonial, nanging léngkah nyata pikeun ningkatkeun kompeténsi guru dina ngaidéntifikasi sarta nerapkeun kearifan lokal di jero kelas," saur Sutisna dina sela-sela acara.

​Saterusna, Sutisna miharep yén impleméntasi Budaya Panca Waluya ieu tiasa diterapkeun sacara gembleng pikeun murid ti kelas 1 nepi ka kelas 6 SD. Anjeunna negeskeun yén transformasi atikan karakter téh kudu dimimitian tina kasiapan méntal jeung kompeténsi guruna sorangan.

​"Harepan sim kuring, ku ayana ieu workshop, para guru beuki tarampil dina ngolah rasa, pikir, jeung ati sanubari muridna. Sim kuring hoyong Basa Sunda tetep hirup sarta jadi bagian anu henteu bisa dipisahkeun tina karakter barudak didik urang ka hareupna," pungkasna.

​Kagiatan anu dilaksanakeun di Gedung Kordik Cilaku ieu jadi moméntum penting pikeun para pendidik dina silih asah, silih asuh, sarta silih asih, utamana dina nguatkeun komitmén pikeun ngamumulé budaya daérah salaku pondasi atikan karakter di wewengkon Cianjur.

Laporan : Edo/DaYu