Cianjur - Media Sunda Update,-​Kegiatan nonton bareng (nobar) film di Sam Studio "Semua Akan Baik-Baik Saja" karya Baim Wong diayakeun minangka wujud dukungan moral jeung motivasi pikeun siswa-siswi disabilitas (manusa istimewa) katut kolotna.

​Acara ieu lumangsung di Sam Studio, Jalan Ir. H. Juanda, wewengkon Désa Mekarsari, Kacamatan Cianjur, dina poé Kemis (11/05/2026). Acara ieu lumangsung kalayan pinuh ku sumanget tur diarepkeun bisa méré sumanget anyar sangkan para pamilon tetep optimis dina ngajalankeun kahirupan, sanajan nyanghareupan sagala rupa kawatesan.

​Anggota DPRD Jawa Barat, Haji Rk Dadan Surya Negara, S.P., anu hadir minangka inisiator acara, nétélakeun yén kegiatan ieu sanés ngan saukur hiburan, tapi ogé jadi sarana pikeun ngawangun méntal sarta rasa percaya diri barudak disabilitas.

​"Kegiatan ieu jadi bagian tina upaya urang babarengan pikeun méré motivasi ka siswa-siswi disabilitas jeung kolotna sangkan tetep kuat, optimis, sarta teu nyerah dina nyanghareupan tangtangan hirup. Maranéhna téh manusa istimewa anu miboga poténsi gedé pikeun mekar," pokna.

​Numutkeun anjeunna, pesen anu ditepikeun dina éta film kacida rélevanna dina kahirupan sapopoé, utamana dina nanamkeun ajén-inajén katéguhan, harepan, jeung sumanget pantang nyerah.

​Salian ti éta, kegiatan ieu ogé jadi rohang réfléksi pikeun para kolot sangkan tetep méré dukungan pinuh ka barudakna, boh sacara émosional boh dina prosés pendidikan.

​"Urang hayang ngawangun kasadaran yén unggal barudak, kaasup barudak disabilitas, miboga hak anu sarua pikeun tumuwuh, diajar, jeung ngahontal masa depan anu leuwih hadé," tambhna.

​Adapun tujuan tina kagiatan ieu di antarana pikeun numuwuhkeun rasa percaya diri siswa, nguatkeun peran kolot dina pendampingan, sarta ngadorong terciptana lingkungan anu inklusif jeung pinuh ku émpati di tengah masarakat.

​Tina ayana kagiatan ieu, diarepkeun sumanget kabarengan jeung kapadulian ka barudak disabilitas beuki ngaronjat, sangkan maranéhna bisa terus mekar sarta méré kontribusi pikeun masarakat.

​Anjeunna nambihan di tempat anu sarua yén kagiatan ieu mangrupa kagiatan ti Yayasan SLB Bina Asih, nonton bareng "Semua Akan Baik-Baik Saja" nu méré inspirasi pikeun kolotna, utamana kolotna.

​"Mudah-mudahan 'anak langit' ieu bisa ngabagjakeun maranéhna tur bisa mawa inspirasi ogé pikeun maranéhna," pungkasna.

(Dadang Yudi)