CIANJUR, 1 JUNI 2026 – Pas pisan sareng mieling Hari Lahir Pancasila, Kepolisian Resor (Polres) Cianjur ngayakeun konférénsi pérs di buruan payun Mapolres Cianjur pikeun nepikeun hasil gawé ngungkab kasus pencurian kendaraan bermotor (curanmor).

​Dina operasi anu lumangsung salami tilu sasih, nyaéta ti sasih Nopémber 2025 dugi ka akhir Méi 2026, jajaran Polres Cianjur anu ngalibatkeun Polsek Karangtengah, Polsek Sindangbarang, Polsek Ciranjang, Polsek Cilaku, sareng Polsek Cianjur Kota, hasil ngamankeun 34 unit kendaraan roda dua hasil tindak kajahatan.

​Kapolrés Cianjur, AKBP Dr. A. Alexander Yurikho Hadi, S.H., S.I.K., M.Si., M.M., M.H.I., M.I.P., dina pedaranana ngadugikeun yén hasil ieu téh mangrupa bukti nyata penegakan hukum anu jadi prioritas.

​"Dinten ieu pas pisan sareng Hari Lahir Pancasila. Sim kuring ngupayakeun ngalaksanakeun dua sila sakaligus, nyaéta ngahadirkeun kaadilan sareng mastikeun ajegna hukum di wilayah hukum Polres Cianjur," saur Kapolrés.

Pangungkapan kasus ieu mangrupa hasil tina tindak lanjut 10 Laporan Polisi ngeunaan motor anu leungit. Dumasar hasil panalungtikan anu intensif, Polres Cianjur dibantu ku Satreskrim hasil néwak 6 urang tersangka anu kabéhanana mangrupa warga asli Cianjur anu pagawéanana buruh harian lepas.

​Para tersangka ngalaksanakeun aksina sacara pasangan kalawan mariksa heula lokasi target sacara taliti. TKP-na di antarana nyaéta parkiran pasar, toserba, mushola SPBU, dugi ka buruan imah korban.

​"Modusna lumayan rapih, nyaéta ku cara ngintip korban teras ngarusak konci motor nganggo konci leter T," jelas Kapolrés.

​Salah sahiji kelompok tersangka, nyaéta tersangka 1 sareng 2, kacatet tos hasil maling 17 kendaraan sateuacan akhirna dicangking di wilayah hukum Polsek Karangtengah. Salajengna, kabuka yén tersangka anu inisialna I ngagunakeun média sosial pikeun ngajual barang hasil curianna kalawan harga Rp2 juta dugi ka Rp2,5 juta.

Dina ieu operasi, petugas ngamankeun sababaraha barang bukti di antarana:

  • ​34 unit kendaraan roda dua.
  • ​3 buah alat konci leter T.
  • ​3 buah mata konci.

​Kapolrés negeskeun yén pihak kapulisian dugi ka ayeuna nuju ngudag palaku sanésna. "Sim kuring masih milarian 2 urang palaku deui anu asup kana DPO (Daftar Pencarian Orang), nyaéta inisial I alias E sareng sadérék MS," tegasna.

Kapolrés Cianjur ngahimbau ka masarakat supados langkung waspada nalika mésér kendaraan roda dua kalawan harga anu murah pisan. Kanggo masarakat anu ngarasa leungit motorna, dipiharep énggal sumping ka Mapolres Cianjur kalawan mawa bukti kapamilikan anu sah.

​"Sejauh ieu tos aya dua warga anu sumping pikeun nyandak deui kendaraanana. Sim kuring gawé bareng sareng Kasat Reskrim komitmen pikeun ngabalikeun barang bukti ieu ka anu gaduhna saatos prosés administrasi réngsé," tutup Kapolrés.

​Polres Cianjur komitmen pikeun terus ngudag jaringan palaku anu sanésna demi nyiptakeun kaamanan sareng katartiban di wilayah Cianjur. Laporan : DaYu