41 KPM Desa Nanggalamekar Galumbira Nampi Bantuan Langsung Tunai DD. (Foto : Ali).

Cianjur, sunda_update, – Suasana bingah katingali di aula kantor Désa Nanggalamekar, Kacamatan Ciranjang, Kabupatén Cianjur, Jawa Kulon. Pamaréntah désa setempat nembé nyalurkeun Bantuan Langsung Tunai Dana Désa (BLT DD) anggaran taun 2026 pikeun tahap kadua. 

Dina kasempetan ieu, 41 Kulawarga Panarima Bantosan (KPM) nampi artos Rp300 rébu per kepala, anu mangrupikeun pangmayaran kanggo dua bulan sakaligus.

Kagiatan penyaluran lumangsung kalayan hikmat tur rame, dihadiran ku Kasi Pamaréntahan Umum Kacamatan Ciranjang, Bhabinkamtibmas, Babinsa, aparat BPD, ogé tokoh masarakat satempat. Kabéh katingal kompak ngiringan ngawaskeun prosés panyaluran supados lancar tur tata tertib.

Kapala Désa Nanggalamekar, Hilman S.Kom, kalayan gaya anu akrab langsung méré piwuruk ka para panarima. 

"Ieu bantosan ti pamaréntah pusat, mugi-mugi dianggo anu saé pikeun kabutuhan sapopoé. Meser béas, lauk-pauk, atawa sembako sanésna anu tiasa ngadukung katuangan kulawarga. Entong dianggo mayar hutang ka bank emok atanapi injeuman online, nya! Sayang upami engkéna malah tambah riweuh," pokna bari imut.

Hilman ogé ngécéskeun yén jumlah panarima sareng nilai BLT ayeuna disaluyukeun sareng anggaran anu turun ti pusat. 

"Baheula mah langkung seueur anu nampi, tapi ayeuna aya alokasi tambahan kanggo pangwangunan Gedung Koperasi Désa Merah Putih (KDMP). Janten jatah pikeun pemberdayaan masarakat rada ngirangan. Mugi-mugi anu ditampi tetep tiasa ngabantosan pisan," pungkasna.

Para KPM katingali antusias sareng ngaharepkeun bantosan ieu tiasa ngaringankeun beban di tengah naékna harga kabutuhan. Pamaréntah désa ogé komitmen pikeun tetep ngawasa supados panyaluran salajengna tepat sasaran sareng tepat waktu.