Bapanas jeung Bulog Ngawaskeun Panyaluran Beras Bantuan di Cianjur. (Poto : Ali).

Cianjur, sunda_update,- Badan Pangan Nasional (Bapanas) sareng Perum Bulog ngalaksanakeun pamarikasan (uji petik) panyaluran bantuan pangan beras di Désa Ciwalen, Kacamatan Warungkondang, dina dinten Salasa (14/7/2026).

Kagiatan ieu tujuanana pikeun mastikeun yén bantuan alokasi bulan Pebruari–Maret 2026 parantos disalurkeun ka anu ngabogaan hak, luyu jeung data ti pamaréntah.

Dina pamarikasan éta, hadir tim Inspektorat Bapanas, wawakil Bulog, aparat désa, operator panyaluran, sareng sababaraha Kulawarga Panarima Manfaat (KPM). 

Numutkeun Hendrawan ti Inspektorat Bapanas, kagiatan ieu mangrupikeun reviu pikeun nguji akuntabilitas program anu dibiayaan ku DIPA Bapanas.

Reviu dilaksanakeun sarenatak di genep propinsi, nyaéta Jawa Kulon, Jawa Tengah, Jawa Wétan, Kalimantan Kalér, Sumatra Kidul, sareng Nusa Tenggara Kulon. Di Jawa Kulon, kagiatan lumangsung salami saminggu di sababaraha daérah anu nampi bantuan.

Penetapan KPM dumasar kana Data Tunggal Sosial Ékonomi Nasional (DTSEN) salaku dasar data pamaréntah, sedengkeun Bulog ditugaskeun pikeun nyalurkeun bantuan luyu jeung data anu parantos ditangtukeun.

Hendrawan ngaku yén masih aya kamungkinan kapanggihna data anu henteu cocog di lapangan, tapi unggal papanggih bakal dijadikeun bahan evaluai pikeun perbaikan dina periode salajengna, sateuacan pamariksaan salajengna ku BPK.

Kalayan ningkatna jumlah panarima bantuan nasional tina sakitar 18 juta janten 33 juta, verifikasi data janten langkung penting. Ku kituna, pamarikasan ieu dilaksanakeun pikeun mastikeun bantuan anu disalurkeun Bulog leres-leres dugi ka masarakat anu ngabogaan hak.

Ngaliwatan kagiatan ieu, Bapanas sareng Bulog negeskeun komitmenna pikeun ngajaga transparansi, akuntabilitas, sareng katepatan udagan dina panyaluran bantuan pangan, supados program pamaréntah tiasa méré mangpaat anu optimal pikeun masarakat.