Dongeng Sunda ku mang Uu
"Jadikeun alam mangrupa indung nu moal cicingeun mere kahirupan lamun daek miarana"
Poé Saptu isuk-isuk, panonpoé téh karék nyamérang ti gigir Gunung Cigedug. Embun-embun masih ngagantung dina tungtung daun, tapi ti kajauhan katémbong barisan santri anyar Pondok Pesantren Nurul Falah geus ngariung di lapangan.
Maranéhna keur dina masa ta’aruf, diajar mikawanoh lingkungan anyar. Tapi isuk éta, maranéhna teu ukur diajar apal ngaran santri séjéna, tapi diajar hiji hal anu leuwih gedé yen kumaha carana miara alam ti leuleutik.
Ti luar gerbang, rombongan Paguyuban Kolaborasi Hijau Garut, Relawan Nurfa Peduli, jeung mahasiswa KKN IPB asup mawa bibit-bibit kai. Ceuli-ceuli maranéhna ngarengkol cangkul, pundukna nyangking karung-karung semai. Éta lain rombongan biasa, maranéhna téh utusan ti alam, nu rék nitipkeun kahirupan ka lemah.
"Barudak, ayeuna urang diajar hiji hal. Naha cai nu ngalir tina keran éta asalna ti mana?" tanya Ustadz Arif Maulana Asy'ari, Ketua Yayasan Ikhwatul Hasanah, ka para santri.
Saurang santri leutik ngajawab polos, "Ti PAM, Pak Ustadz?"
Sakabeh nu aya milu seuri. Lalaunan Ustadz Arif ngadeukeutan, "Heueuh, mun di imah mah ti PAM. Tapi cai PAM téh asalna ti mana? Asalna tina mata air. Mata air téh hirup lamun leuweungna hirup. Lamun leuweungna gundul, mata air téh paéh. Jeung lamun mata air paéh, urang sadaya nu bakal paéh."
Di dua tempat nu béda, maranéhna melak tangkal. Di lingkungan pesantren, dipelak rupa-rupa tangkal buah mangrupa jambu, rambutan, jeung mangga. Éta téh pikeun kadaharan ka hareup, atikan, jeung kaéndahan. Ditempat sejena Sumber Mata Air Cikahuripan, Kampung Olan, dipelak tangkal-tangkal leuweung mangrupa kiara, mahoni, jeung tangkal cadas.
Éta lain asal pilih, tapi strategi. Tangkal leuweung boga akar jero nu nahan cai, ngalawan taneuh longsor, jeung ngajaga cai tetep ngeclak sanajan usum halodo.
Cepi Gantina, sekretaris Paguyuban, nyampeurkeun para santri bari melak bibit dina liang nu geus dipacul.
"Cing, ayeuna melak sing hade. Teu kudu gancang, tapi kudu bener. Akarna ulah nepi ka bengkok, taneuhna gepékan. Sabab tangkal ieu, sapuluh taun deui bakal jadi imah manuk, tameng angin, jeung sumber cai pikeun barudak maranéh ka hareup," ceuk Cepi isuk eta.
Sorana beuki lirih, tapi beurat. Cepi nuluykeun, "Ayeuna urang melak tangkal. Tapi sabenerna urang téh melak kahirupan. Hiji tangkal bisa nyimpen sarébu leter cai dina taneuhna. Bayangkeun, mun urang melak 200 tangkal, éta sarua jeung urang nyieun bendungan alami pikeun kampung ieu," pokna nyarita pinuh ku hareupan.
Santri-santri téh cicing. Maranéhna nempo leungeun sorangan nu kotor ku taneuh. Tapi éta kotor téh karasa suci. Sabab unggal kebat taneuh dina ramo maranéhna téh beubeunangan rezeki, beubeunangan cai, beubeunangan kahirupan.
Teu kungsi lila, langit Garut nu biru katutupan ku halimun tipis. Hujan rintik-rintik turun. Tapi teu aya anu ngungsi. Aranjeunna tetep melak, sabab hujan téh kadaharan pikeun bibit anu karék dipelak. Hujan téh lain halangan, tapi berkah.
Dina tengah hujan, saurang mahasiswa KKN IPB ngomong ka santri di gigireunana. "Urang diajar di kampus soal konservasi. Tapi konservasi nu sabenerna téh lain di buku, tapi di dieu. Dina leungeun urang, dina taneuh ieu, jeung dina cai nu bakal ngalir ka imah maranéh," ceuk manehna.
Isuk nu maju kasoré. Bibit-bibit geus kabeungkeut ku taneuh. Sumber Cikahuripan tetep ngagebrés, siga nu nyarios: "Hatur nuhun, kuring dijaga,".
Para santri balik deui ka pondok kalayan nyieun cai dina bilik. Tapi aya nu béda dina haté maranéhna. Aranjeunna teu ukur diajar ngaji, tapi diajar jadi khalifah nu sabenerna. Ngurus alam lain tugas déwasa, tapi tugas sakabéh umur, ti budak leutik nepi ka kolot.
Ustadz Arif nutup kagiatan ku do'a. "Ya Allah, anggerkeun ieu tangkal tumuwuh subur, angger cai ieu tetep ngalir, jeung angger barudak ieu tetep miara alam salaku wujud syukur ka Gusti."
Soré éta, di Cikahuripan, teu ukur tangkal anu ditanam. Tapi harapan. Harapan yén hiji poé, incu buyut para santri téh bakal nginum cai ti mata air anu sarua. Cai jernih, tiis, jeung beunghar ku barokah.
Sabab urang melak lain pikeun ayeuna. Urang melak pikeun 50, 100, atawa 200 taun ka hareup. Urang melak lain tangkal, tapi melak kahirupan.
Lamun hayang cai tetep ngalir, pek jaga leuweungna. Lamun hayang kahirupan tetep aya, jaga alamna. Sabab alam téh indung, anu moal pernah cicingeun méré kahirupan lamun urang daék miara.

