CIANJUR — Ketua DPRD Kabupaten Cianjur, Ir. Hj. Metty Triantika, M.T., negeskeun penguatan supremasi hukum sareng kabijakan daerah anu berkeadilan demi ningkatkeun kapercayaan masarakat kana penyelenggaraan pamaréntahan daerah. Hal kasebat disampekeun dina kagiatan Temu Tokoh, dimana anjeunna negeskeun yén pamaréntahan anu tanggel waler kedah dumasar kana prinsip hukum anu kuat, transparan, sareng akuntabel.

​Penyelenggaraan pamaréntahan di Kabupaten Cianjur merlukeun pondasi anu kokoh supados tiasa ngajawab kabutuhan nyata masarakat sacara efektif. Sababaraha poin utama anu janten sorotan di antawisna:

  • Kapastian Hukum: Masarakat meryogikeun jaminan kapastian hukum dina unggal interaksi sareng pamaréntahan.
  • Pembangunan Merata: Pembangunan kedah dilaksanakeun sacara adil sareng merata di sakuliah wilayah Kabupaten Cianjur.
  • Ruang Aspirasi: Nyadiakeun ruang anu langkung lega sareng efektif kanggo masarakat nepikeun aspirasi.
  • Kabijakan Responsif & Anggaran Akuntabel: Kabijakan daerah kedah ngajawab kabutuhan nyata sareng pengelolaan anggaran kedah transparan sarta tiasa dipertanggungjawabkeun ka publik.

​Dina ngajalankeun fungsina, DPRD Kabupaten Cianjur gaduh peran strategis dina régulasi, anggaran, sareng pangawasan:

  • Pembentukan Perda: Ngahasilkeun régulasi anu berkualitas anu relevan sareng kabutuhan masarakat sarta méré kapastian hukum.
  • Anggaran: Mastikeun APBD tepat sasaran, berorientasi kana prioritas pembangunan, sarta ngajaga efektivitas sareng efisiensi.
  • Pangawasan: Ngawal palaksanaan kabijakan sareng mastikeun program tepat sasaran sarta méré mangpaat nyata pikeun pembangunan.

​Pendekatan pembangunan di Cianjur henteu ngagunakeun konsép "One Size Fits All" ningali karakteristik wilayah anu rupa-rupa—mimiti ti perkotaan, perdesaan, pagunungan, dugi ka pesisir. Keadilan dimaknakeun yén unggal masarakat nampi hak, kasempetan, sareng palayanan sesuai sareng kabutuhan katut kondisina masing-masing.

​Prinsip ieu kalebet perhatian husus kanggo wilayah tertinggal, patani sareng UMKM, pemuda, sarta kelompok rentan supados teu aya masarakat anu katinggaleun dina arus pembangunan ("Teu Aya Masarakat anu Katinggaleun").

​Dina sambutanna, Ir. Hj. Metty Triantika, M.T., nyarioskeun:

"Simkuring ngarepkeun yén pasamoan temu tokoh ieu téh henteu ngan ukur tiasa urang lakukeun dina hiji pasamoan ieu wungkul, tapi simkuring ngarepkeun dina pasamoan salajengna Bapa sareng Ibu ogé tiasa ngiringan teras supados inpormasi anu disampekeun tiasa berkesinambungan."

​Anjeunna nambihan yén ésensi tina pasamoan ieu nyaéta silaturahmi sareng tatap muka supados urang sami-sami teras ngwujudkeun Cianjur anu berkeadilan, sangkan kasajahteraan di Cianjur tiasa teras dirarasakeun sacara nyata ku masarakat Kabupaten Cianjur. Laporan : Dadang Yudi