Lalaki teu aya idéntitas maot ngadadak di Dermaga Babakan Garut. (Ali).
Cianjur, sunda_update,- Peuting di tempat kulambé milik H. Cucun, Kampung Babakan Garut RT 05/06, Désa Kertajaya, Kacamatan Ciranjang, Kabupatén Cianjur, ujug-ujug jadi tiiseun. Hiji lalaki umur kira-kira 40 taun kapanggih maot dina kaayaan anu matak pikaheraneun, Minggu (02/08/26) kira-kira tabuh 21.00 WIB, ngadadak sesek napas.
Caritana, si lalaki keur anteung ngala lauk, harita kénéh ngagorowok menta tulung lantaran napasna sesek pisan. Tapi saméméh kaburu ditéang ku nu boga tempat jeung warga, anjeunna langsung pingsan jeung ahirna nganteurkeun napas pamungkasna di dinya.
Mayitna tuluy dievakuasi ka darat, jeung ayeuna masih ditempatkeun di pos jaga Dermaga Babakan Garut.
Nepi ka ayeuna, saha sabenerna éta lalaki téh can kanyahoan. Taya kartu idéntitas, taya dompét, taya barang nu bisa nuduhkeun jati dirina.
Ciri-cirina kulit sawo semu cokelat, awakna gembul, buukna hideung kriting, irungna mancung. Bajuna warna coklat, jeung di bagian tukang aya tulisan "Pers" éta hiji-hijina patunjuk anu aya.
"Kami miharep pisan ka saha waé anu nyaho atawa kakurangan kulawarga nu ciri-cirina siga kieu, geura langsung ngahubungi Polsek Ciranjang atawa Polres Cianjur," pok Ahmad, anggota Retana Ciranjang.
Saha sabenerna si lalaki téh? Jeung ku naon manéhna maot ngadadak di peuting anu kawas biasa? Éta kabéh masih jadi tanyaeun anu can kajawab.



.gif)

