Tihang PJU di Haurwangi Rungkad Deket Kana Picilakaeun. (Poto : Ali).

Cianjur, sunda_update,- Hiji tihang Penerangan Jalan Umum (PJU) di Jalan Raya Nasional Rajamandala, pasna di hareupeun PAUD Al Ikhlas, Kampung Pamaruban, Désa Haurwangi, Kacamatan Haurwangi, Kabupatén Cianjur, potong nepi ka ampir runtuh. Untungna, tihang éta kénéh katahan ku kabel jaringan telepon, ku kituna can sapinuhna rungkad.

Kaayaan bahaya eta geus lumangsung ti sababaraha bulan katukang, sanggeus tihang éta kabentur ku kandaraan. Sanajan bagian pangkal tihang geus potong, nepika ayeuna can diomekeun ku pihak anu boga wewenang.

Kukituna warga ngarasa hariwang yén tihang éta sawaktu-waktu bisa rungkad sarta neunggar pamaké jalan atawa barudak PAUD Al Ikhlas anu unggal poé kagiatan di lokasi éta, sabab posisi tihangna pas pisan di hareupeun panto gerbang sakola.

Ketua Karang Taruna Kacamatan Haurwangi, Iyan Tanggara, ngécéskeun yén kajadian éta geus lumangsung cukup lila alatan kabentur ku kandaraan. 

"Tihang PJU eta henteu langsung rungkad lantaran katahan ku kabel telepon, sedengkeun bagian pangkalna geus pegat sarta kacida bahayana," ceuk Iyan, harita.

Anjeunna ogé ngungkabkeun yén kaayaan éta geus sababaraha kali dilaporkeun ka instansi nu patali, tapi nepika ayeuna can aya tindakan pikeun ngomeken.

Masarakat miharep pihak anu boga wewenang geuwat nyandak léngkah gancang saméméh lumangsung musibah anu bisa ngancem kasalametan pamaké jalan, hususna barudak PAUD Al Ikhlas anu unggal poé ngaliwat jeung diajar di sabudeureun lokasi.