Wakapolri Gencar Melak Bawang Bodas Dina Raraga Mieling HUT Ka-81. (Poto : Ali).
Cianjur, sunda_update,- Hawa di kampung Maleber, Désa Ciherang, Kacamatan Pacet, kadéngé rada béda dina poe Rebo (19/8/2026) berang. Dina waktu eta jajaran Kapulisian Républik Indonésia (POLRI) ngayakeun penanaman bawang bodas sacara sarentak di lahan sagédé 6 héktar, dina raraga miéling HUT ka-81 Kamerdékaan RI.
Kagiatan anu dihubungkeun ku Zoom Meeting ieu téh lain ukur upacara biasa, tapi mangrupa léngkah nyata pikeun ngadukung target pamaréntah anu kawilang ambisius swasembada bawang bodas. Komoditas anu geus lila ngendelkeun impor ieu, ayeuna mimiti digarap sacara sérius ti akar.
"Ketahanan pangan téh konci kamerdékaan bangsa," pok Wakapolri Komjen Pol. Prof. Dr. H. Dedi Prasetyo dina pidatona.
Anjeunna nyebatkeun yén ieu bagian tina ngajalankeun Asta Cita swasembada, anu dilaksanakeun sarentak di 14 wewengkon di Jawa Barat.
Kabutuhan bawang bodas nasional anu nepi ka 600.000 ton unggal taun jadi panginget sakaligus tangtangan. Tapi, optimismé beuki ngaronjat sabab hasil panén perdana tina program taun 2025 kamari némbongkeun prestasi anu lumayan.
"Total lahan anu geus dikembangkeun ngahontal 948 héktar kalawan hasil panén basah 9.480 ton dina taun 2026 ieu," beber Dedi kalawan gede harepan.
Leuwih ti éta, program ieu ogé ngalibatkeun kelompok tani satempat salaku mitra utama. Gotong royong antara aparat kapulisian jeung patani lokal dipiharep lain ukur bisa ngurangan impor, tapi ogé ngahudangkeun deui sumanget tatanén di padésaan.
Ku cara kieu, POLRI nunjukkeun yén lembaga ieu lain ukur jaga kaamanan, tapi ogé aya di hareup, nyepeng pacul, ngawangun kamerdékaan pangan ti taneuh Cianjur pikeun Indonésia anu leuwih mandiri.



.gif)

