CIANJUR — Musyawarah Kota Daerah (Muskorda) III Ikatan Jurnalis Televisi Indonesia (IJTI) Wilayah Kabupaten Cianjur parantos réngsé di gelar kalayan lungsur-langsar. Dumasar kana musyawarah mufakat, Chaeronsyah anu biasa disapa Kang Eron resmi kapilih salaku Ketua IJTI Kabupaten Cianjur periode 2026–2029.
Hasil musyawarah ieu disahkeun sarta disumpah sacara organisasi, disaksian langsung ku dewan penasehat, penasehat hukum organisasi, sarta dihadiran ku sakumna kulawarga besar jurnalis IJTI jeung para sémah nu diulem.
Acara ieu dilaksanakeun di Grand Bydiel Hotel Jalan Ir. H. Juanda, Panembong, Désa Mekarsari, Kacamatan Cianjur, Kabupaten Cianjur Jawa Barat.
Dina biantarana salaku ketua terpilih, Chaeronsyah ngungkabkeun komitmenna pikeun ngawangun kinerja jurnalis nu leuwih punjul turprofesional.
"Sim kuring sakulawarga bakal teras ngawas tur mupangatkeun kinerja para jurnalis sangkan langkung mantap dina prèstasina, wawasan cara ngaédokasi, boh dina gambar sinematografi atawa dina widang jurnalisnamah. Salian ti eta, sim kuring badé teras ngembangkeun gawé babarengan anu raket sareng TNI, Polri, instansi séjénna, katut para kontén kreator anu mumpuni, guna ngawangun wadah jurnalis anu handap asor, tangguh, tur dipercaya," ceuk Chaeronsyah.



.gif)

