CIBULAKAN — Pesta demookrasi pamilihan kepala desa di Cibulakan langkung sumanget ku majengna Enang Mustofa, SE salaku Calon Kepala Desa Cibulakan mangsa bakti 2026-2034. Kalayan niat ibadah tur handap asor, Enang Mustofa siap ngabdi tur mawa parobahan nyata pikeun kamajuan lembur.

Ngusung moto "Desa Tertata, Warga Berdaya, Cibulakan Sejahtera" sarta akronim SABAR (Sejuk, Agamis, Bersih, Aman, Rindang), Enang Mustofa mawa visi utama: "Dengan amanah, kejujuran, kebenaran, dan ketegasan, kita ciptakan Aparatur Pemerintah Desa yang Bersih, Transparan, Akuntabel dalam rangka mewujudkan masyarakat yang kompak, dinamis, kreatif, mandiri, santun, dan berkepribadian."

Dina raraga nyalonkeun diri, Enang Mustofa netelakeun komitmen kuat anu lebet kana opat poin penting pangwangunan desa, nyaéta:

  1. Ngalayanan kalayan manah anu ikhlas tur amanah, sarta ngalaksanakeun réformasi sistem kinerja aparatur pamaréntahan désa supados palayanan ka masarakat langkung cepet, transparan, tur akuntabel tanpa mandang bulu.

  2. Mangun désa sacara transparan tur partisipatif, ku cara ngalaksanakeun pamaréntahan anu bersih bébas tina Korupsi, Kolusi, Nepotisme (KKN).

  3. Ningkatkeun ékonomi sareng kasajahteraan warga, ogé ngawujudkeun hubungan anu harmonis antara masarakat, pamaréntah, jeung lembaga désa.

  4. Njaga lingkungan tur nilai-nilai gotong royong, sarta ngalaksanakeun pembinaan generasi anom anu profésional, agamis, religius, bari nyadiakeun fasilitas sarana prasarana seni budaya jeung olahraga.

"Babarengan urang wujudkeun Cibulakan janten désa anu maju, mandiri, religius, jeung sejahtera. Pikeun Désa Cibulakan anu langkung saé, hayu urang lumampah sasarengan kalayan niat ibadah," ceuk Enang Mustofa kalayan pinuh keyakinan.

Ngusung sumanget gotong royong "Bersama Kita Bisa", pencalonan Enang Mustofa dipiharep tiasa ngarangkul sakumna warga masarakat sangkan ngahiji satungtung tekad, satungtung tujuan, demi masa depan Désa Cibulakan anu langkung gemilang.