Warga Campaka Jeung sabuderanana gayakeun salat Istisqa menta datang hujan. (Poto : Ali).
Cianjur, sunda_update,- Héséna meunangkeun cai beresih, pepelakan garing nepi ka kahuruan lahan jadi dampak anu karasa ku warga akibat usum halodo panjang nu mimiti karasa ku masarakat di wilayah kacamatan Campaka jeung sajumlah wilayah kabupaten Cianjur, Jawa Barat laina.
Ku Kituna, ratusan warga bareng jeung unsur pamaréntah Kacamatan Campaka ngayakeun salat Istisqa jeung du'a babarengan di Lapang kantor, Kacamatan Campaka, Salasa (15/9/2026) berang.
Salat Istisqa dilaksanakeun minangka ikhtiar ngaliwatan pendekatan religius pikeun nyuhunkeun ka Allah SWT sangkan hujan gera turun jeung halodo anu nyerang wilayah éta lekasan.
Camat Campaka Tubagus Ganny Suryaningrat SE, MAB. nyarios, kagiatan salat Istisqa ieu ngalibatkeun masarakat jeung sajumlah unsur anu aya patalina.
Warga perwakilan ti sabelas désa ogé milu hadir, kaasup para kepala désana, saperti kepala désa ti Désa Cidadap, Désa Sukajadi, Désa Campaka, Désa Wangunjaya, Karyamukti, Cimenteng, Girimukti, Sukadana, Susukan jeung Désa Mekarjaya.
"Kami parantos berikhtiar kumaha carana sangkan keluhan masarakat bisa kaungkulan, sacara fisik kami ogé parantos nyalurkeun cai beresih ka sajumlah kampung anu memang merlukeun cai beresih," ceuk Tubagus Ganny Suryaningrat SE, MAB. ka wartawan poe eta.
Numutkeun anjeunna, salian ti pananganan sacara fisik ngaliwatan distribusi cai beresih, pamaréntah bareng stakeholder nyandak léngkah séjén ngaliwatan pendekatan kaagamaan kalayan ngalaksanakeun salat Istisqa.
"Salat Istisqa ieu kami laksanakeun minangka jalan séjén kalayan pendekatan religius. Mudah-mudahan du'a urang dikabulkeun jeung hujan geuwat turun," ceukna.
Anjeunna nyarios, halodo panjang parantos méré dampak anu cukup gedé kana kahirupan masarakat di Kacamatan Campaka.
Sajumlah warga mimiti ngalaman hésé meunangkeun cai pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé.
Kaayaan halodo ogé ngabalukarkeun sajumlah pepelakan paéh. Sababaraha titik mata cai, kaasup aliran walungan, ngalaman panurunan débit malah garing.
Teu ngan ukur masalah cai beresih, kaayaan lahan jeung pepelakan anu garing ogé ngaronjatkeun résiko kahuruan.
"Warga di wilayah Kacamatan Campaka parantos karasa dampak tina lila-na usum halodo. Tangtu dampakna pisan kana masarakat, utamana di sababaraha désa anu parantos karasa héséna meunangkeun cai beresih," ceuk Tubagus.
Tubagus ngaharepkeun, ikhtiar ieu tiasa ngabantu ngaléngkahkeun beban masarakat sakaligus jadi jalan turunna hujan.
"Kami dinten ieu gawé bareng jeung sadaya stakeholder pikeun ngalaksanakeun salat Istisqa. Mudah-mudahan Allah SWT méré kalimpahan hujan jeung kaayaan halodo ieu geuwat lekasan," tutupna.



.gif)

