Warga Kampung  Bayang gotong royong mareman seuneu di kebon awi saacan datang Pemadam Kebakaran make parabot saayana. (Poto : Ist).

Cianjur, sunda_update,– Kahuruan narajang kebon awi salega kurang leuwih 1 héktar di Kampung Bayabang, RT 05/06, Désa Talaga, Kacamatan Cugenang, Kabupatén Cianjur, dina dinten Senén (7/9/2026) soré. Nepi ka ayeuna, anu jadi sabab kahuruan téh can kanyahoan.

Kajadian ieu mimiti katingali ku warga sabudeureun kira-kira tabuh 16.30 WIB, nalika haseup hideung katempo ngabulak-bulak ti wewengkon kebon awi. Seuneu gancang ngarambat jeung ngaduruk rungkun awis nu geus garing alatan usum halodo.

Saurang warga satempat, Suryadi, ngabéwarakeun yén dina kajadian ieu teu aya korban jiwa.

"Alhamdulillah teu aya korban jiwa, tapi kebon awis nu kaduruk téh kawilang lega, kurang leuwih 1 héktar leuwih," pok Suryadi ka wartawan dina WhatsApp.

Prosés mareuman seuneu dilaksanakeun ku gotong-royong warga maké pakakas saaya-aya saperti dahan tangkal, ember, jeung parabot saderhana lianna. Can aya bantuan ti petugas pemadam nu nepi ka lokasi lantaran jalan nu hésé diliwatan ku kendaraan pemadam.

"Kami usaha mareuman seuneu maké pakakas saayana. Kebonna aya di pagunungan, jadi rada hésé dijugjug," tambah Suryadi.

Nepi ka berita ieu diturunkeun, seuneu can sapinuhna pareum jeung warga masih terus jaga-jaga pikeun nyegah seuneu ngarambat ka padumukan nu deukeut. Pihak pulisi jeung aparat désa geus mariksa pikeun nalungtik sabab pasti tina kahuruan ieu.