Danramil Campak kapten Cke Ijudin (Nu payun), Kapala Desa Cidadap Budiman (Kqtuhu). (Poto : Ali).
Cianjur, sunda_update, - Kaayaan Sabtu isuk (3/10) di Situ Gelam, Desa Cidadap, Kacamatan Campaka, Cianjur, béda ti biasana. Ratusan pamancing ti sagala rupa daérah sumping ka sisi situ pikeun miluan lomba mancing anu dilaksanakeun dina raraga HUT TNI Ka-81.
Danramil Campaka, Kaptén Cke Ijudin, nyarios yén kagiatan ieu mangrupa agenda taunan anu ayeuna ngalibetkeun seueur pihak. "Isuk-isuk urang ngalaksanakeun lomba mancing dina raraga HUT TNI Ka-81 di wilayah Kacamatan Campaka," ceuk anjeunna.
Dina palaksanaanna, Koramil Campaka gawé bareng jeung pamaréntah Desa Cidadap, Pokdarwis, PMOC, ogé dukungan ti provider XL jeung sabun Jempol.
Antusiasme pamilon luar biasa. Panitia ngondang para pamancing ti Cianjur Kota, Cipanas, Sukaresmi, Cugenang, Sukanagara, Pagelaran, nepi ka Naringgul. "Éta di luar warga binaan urang sorangan di dieu," tambih Ijudin.
Anjeunna negeskeun, kagiatan ieu lain saukur lomba, tapi sarana ngajaga silaturahmi jeung rahayat. "Urang sabenerna teu tiasa jauh ti rahayat. Téma na ogé 'TNI Selalu Bersama Rakyat Membangun Indonesia yang Maju dan Sejahtera'. Ngaliwatan mancing bareng ieu urang ngajalin silaturahmi, sabab antusias pamancing luar biasa," jelasna.
Pikeun nampung pamilon, panitia nyiapkeun 120 lapak pancing. "Taun kamari ngahontal 140 leuwih, mudah-mudahan ayeuna leuwih seueur deui," harepanana.
Teu ngan ukur lauk, panitia ogé nyayogikeun hadiah duit pembinaan: juara 1 Rp1 juta, juara 2 Rp700 rébu, jeung juara 3 Rp500 rébu, ditambah hadiah hiburan séjénna. "Rencanana badé urang tabur 2 kuintal lauk mas, palaksanaan ti jam 08.00 nepi ka 17.00 WIB," pungkas Danramil.
Samentara éta, Kades Cidadap, Budiman, ngahaturkeun nuhun ka TNI, khususna Koramil Campaka, para sponsor, jeung pengurus Pokdarwis. "Alhamdulillah dinten ieu urang tiasa gawé bareng ngameriahkeun HUT TNI Ka-81. Kagiatan ieu pikeun sadayana, masarakat urang persembahkeun pikeun kumpul di dieu sabab aya hadiah menarik ti sponsor anu dibagikeun sacara gratis," ceuk anjeunna.
Budiman ogé ngungkabkeun visi jangka panjang Desa Cidadap. "Ka payunna urang bakal terus ngawangun Situ Gelam jadi destinasi wisata, kalayan penataan khusus pikeun budidaya lauk atawa wisata mancing, tuluy dijadikeun sarana wisata kulawarga. Urang ngarep pisan dukungan pamaréntah pusat sangkan penataan di Situ Gelam anu legana 1,5 héktar ieu tiasa gancang kawujud," pungkasna.



.gif)

