​Beuki ka dieu, hawa karasa beuki panas tur hareudang. Hawa anu bener-bener Hareudang Bayeungyang! Tong bororaah di luar imah pas wanci haneut moyan atawa tengah poe, di jero imah bari muterkeun kipas angin oge kesang tetep ngagolak. Loba jalma anu nanya tur ngeluh, “Geuning ayeuna meni panas pusing kieu, naon sih ari El Niño teh?”

​Saleresna, El Niño teh mangrupakeun fénoména alam nalika suhu permukaan laut di Samudra Pasifik bagian tengah jeung wétan naék leuwih haneut batan biasana. Kondisi ieu nyebabkeun pangaruh anu ageung ka iklim global, kaasup di Indonesia. Akibat tina El Niño, hawa jadi leuwih panas, curah hujan ngurangan, tur usum halodo jadi leuwih panjang tur garing.

​Tapi, naha urang kudu merhatikeun fénoména ieu?

​Panas nu karasa ayeuna lain saukur urusan merelukeun es campur atawa kipas angin leuwih ti hiji. El Niño mawa pangaruh anu nyata pikeun kahirupan urang saréréa:

  • ​Lahan Tani pada Merang (Kagaringan): Loba patani anu hésé meunangkeun cai pikeun irigasi. Akibatna, loba nu gagal panén, tur harga bahan pokok di pasar milu naék.
  • ​Krisis Cai Bersih: Di sababaraha daérah, sumur-sumur geus mimiti asat. Jalma-jalma kudu ngantri cai pikeun kabutuhan poéan.
  • ​Ancaman Kaséhatan: Hawa panas jeung lebu nu ngumpul gampang nyababkeun panyakit saperti batuk, ISPA (infeksi saluran pernapasan), dehidrasi, tur pusing.

​Nyanghareupan kaayaan ieu, urang teu bisa saukur ngeluh jeung nyalahkeun cuaca. Kudu aya léngkah nyata nu dimiti tina diri sorangan:

  1. ​Hémat Cai: Gunakeun cai saperluna, tong dibuang-buang pikeun hal nu teu penting.
  2. ​Jaga Kaséhatan: Loba nginum cai bodas, make masker lamun kaluar imah pikeun ngahindari lebu, tur ngonsumsi vitamin.
  3. ​Melak Tangkal: Masih loba nu teu sadar yén wewengkon nu héjo jeung loba tangkal bisa nulungan ngatur suhu lingkungan supados teu panas teuing.

​El Niño mémang fénoména alam nu rutin lumangsung, tapi pangaruhna bakal beuki parah lamun urang teu paduli ka lingkungan. Hayu urang leuwih wijaksana dina ngajaga alam, supados bumi ieu teu beuki "hareudang" pikeun anak incu urang di mangsa hareup.(Kang Edo)