​CIANJUR – Polres Cianjur hasil ngungkabkeun kasus tindak pidana pencurian kalawan pemberatan maké modus operandi pecah kaca jeung gembos ban anu matak melang di masarakat. Pangungkapan ieu mangrupa hasil gawé bareng Tim Resmob Satreskrim Polres Cianjur jeung Tim Resmob Ditreskrimum Polda Jabar anu netepkeun sarta mengamanakan dua tersangka, sedengkeun opat pelaku séjénna masih kénéh dina panguberan.

​Kapolres Cianjur ngaliwatan Kasat Reskrim AKP Bagus Panuntun, S.H. nyampekeun yén kelompok ieu geus lila beraksi ti saprak Maret 2026 di sahenteuna 15 Tempat Kejadian Perkara (TKP) anu nyebar di wilayah Cianjur, Sukabumi, Karawang, jeung Bogor. Total kerugian tina aksi kajahatan ieu ditaksir nepi ka Rp4,1 milyar.

​Kelompok pelaku ngajalankeun aksina kalawan tarapti sarta dibagi kana sababaraha peran:

  • ​Gembos Ban & Pecah Kaca: Pelaku ngintip korban sabada ngalakukeun transaksi atawa narik duit di bank. Maranéhna tuluy nancebkeun paku di sabudeureun kendaraan korban atawa ngageboskeun ban sacara ngahaja.

  • ​Eksekusi: Nalika korban eureun rék nambal ban, reureuh, atawa mariksa kendaraan, pelaku langsung ngamangpaatkeun kaayaan éta pikeun mecahkeun kaca mobil atawa mawa kabur barang berharga anu aya di jero kendaraan.

​Petugas hasil mengamanakan dua urang tersangka, nyaéta:

  • ​EY (28 taun): Peranna méré nyaho kendaraan korban (sasaran) tur ngageboskeun ban maké paku.

  • ​AP (44 taun): Peranna salaku joki (nu mawa motor) nuju ka tempat panyandakan barang anu dicandak.

​Panangkepan dilakukeun dinten Saptu, 3 Oktober 2026 di wilayah Parungkuda, Kabupaten Sukabumi, jeung Tajurhalang, Kabupaten Bogor. Sedengkeun opat pelaku séjénna anu berinisial D, J, jeung KF geus kanyahoan identitasna sarta kiwari jadi DPO (Daftar Pencarian Orang).

​Ti leungeun tersangka, petugas ngamankeun sababaraha barang bukti kayaning serpihan kaca mobil, busi (alat pamecah kaca), paku keur ngageboskeun ban, sapédah motor, jeung plat nomor palsu.

​Kusabab lampahna, para tersangka dijerat ku Pasal 477 ayat (1) huruf f jeung huruf g Undang-Undang Republik Indonesia Nomor 1 Tahun 2023 ngeunaan Kitab Undang-Undang Hukum Pidana (KUHP) ngeunaan Pencurian dengan Pemberatan, kalawan ancaman hukuman penjara paling lila 7 (tujuh) taun atawa denda kategori V nyaéta Rp500.000.000.

​Polres Cianjur negeskeun yén euweuh rohangan pikeun pelaku kajahatan anu ngaganggu kaamanan masarakat. Pihak kapolisian ngingetkeun masarakat supaya:

  • ​Ningkatkeun kawaspadaan sanggeus narik duit atawa transaksi di bank.

  • ​Mariksa kaayaan kendaraan samemeh neruskeun perjalan.

  • ​Ulah ninggalkeun tas, duit, laptop, atawa barang berharga di jero kendaraan tanpa aya nu jaga.

  • ​Lamun ban katingali bocor di tempat anu curiga, tetep waspada tur geura manggihan tempat anu ramé jeung aman.

  • ​Geura lapor ka kantor polusi pangdeukeutna lamun manggihan jalma anu curiga atawa nyaho tempat pelakon anu keur buron. (Dayu)