Cianjur // Karnaval anu diayakeun di Désa Sukawangi, Kacamatan Warungkondang, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, dipapag kalayan antusias ku warga satempat. Ieu acara Pesta Rahayat dina raraga Milangkala (HUT) RI anu ka-79 téh ngusung téma "Ketahanan Pangan Désa Sukawangi", Minggu (25/08/24).

H. Ahmad Dedi Suharyadi, salaku Kepala Désa Sukawangi, nétélakeun yén kagiatan karnaval ieu ngahaja dilaksanakeun pikeun ngareuah-reuah HUT RI anu ka-79.

"Aya rupa-rupa perlombaan dina panggung Karnaval taun ieu. Ieu téh mangrupa wujud sumanget warga sangkan acara HUT RI tiasa langkung ramé. Kagiatan ieu parantos janten rutinitas unggal taun di Désa Sukawangi. Upami témana mah tangtos bénten-bénten, nanging taun ieu urang nyandak téma Ketahanan Pangan. Salian ti éta, aya ogé lomba kréasi karnaval ti tingkat murangkali dugi ka tingkat sepuh," saurna.

Lajeng, H. Ahmad Dedi Suharyadi ngaharepkeun sangkan dina taun-taun payun, kagiatan sapertos kieu tiasa dimumulé tur langkung rongkah deui.

"Anu janten pinunjul (juara) dina perlombaan karnaval taun ieu nyaéta ti ka-RT-an 02 RW 02 Kampung Cisalak Tengah. Sim kuring miharep dina taun payun urang kedah langkung kompak tur antusias dina mapag HUT RI demi kamajengan désa anu dipikaasih. Teu hilap, hatur nuhun pisan ka sakumna panitia pangurus kana gawé barengna, sarta hatur nuhun ogé ka Babinsa, Bhabinkamtibmas anu parantos nyukseskeun ieu acara. Kitu ogé ka para Ketua RT sareng RW anu leres-leres ngabantos dugi ka ieu acara lumangsung kalayan lungsur-langsar," pungkasna. (Red).