CIANJUR – Nasib apes kaalaman ku Nur (45), warga Kampung Pakalongan RT 02/04, Desa Padaluyu, Kacamatan Cugenang, Kabupatén Cianjur. Dirina janten korban panipuan ku jalma anu ngakuna tiasa masihan injeuman artos tanpa jaminan.

​Ieu kajadian dimimitian nalika aya saurang lalaki anu teu dipikawanoh sumping ka tempat Nur sarta mesen sacangkir kopi. Bari ngobrol, éta lalaki nawarkeun program injeuman ti mimiti 10 juta dugi ka 100 juta rupiah. Saratna ogé kacida gampangna, mung modal KTP sareng Kartu Kulawarga (KK).

​"Éta jalma téh duka ti mana asalna, teras anjeunna mésér kopi sarta nawarkeun injeuman tanpa agunan. Saurna cekap ku KTP sareng KK wungkul, teu aya sarat sanésna," saur Nur.

​Kabita ku sarat anu hampang, Nur niat nginjeum artos 10 juta rupiah. Éta jalma anu diduda tukang tipu téh teras ménta artos 50 rébu kanggo mésér matré opat siki. Teu mikir panjang, Nur langsung masihan artosna. Sabada sadaya datana dicatet, éta jalma téh teras angkat.

​Nanging, dina jam 18.00 WIB poé éta kénéh, Nur nampi telepon ti éta jalma anu ménta artos administrasi ageungna 200 rébu rupiah. Ngadéngé hal éta, Nur reuwas margi perjangjian mimitina mah henteu kitu. Nur tungtungna ngabatalkeun éta injeuman. Ngadéngé kitu, éta jalma téh kalah ngageremet sarta nyarios anu teu merenah.

​Sanaos artos anu kaluar teu sabaraha, nanging kanggo Nur mah éta artos téh kacida berhargana. Tina ieu kajadian, dipiharep masarakat tiasa langkung ati-ati upami aya jalma anu nawarkeun injeuman tanpa agunan kalayan nilai anu ageung.(Kang Edo)