CUGENANG, CIANJUR – Anggota DPRD Kabupatén Cianjur sakaligus Ketua Fraksi PDI Perjuangan, H. Fahmi Zulfahmi, ngayakeun kagiatan silaturahmi sareng jajaran pangurus ranting sarta relawan sa-Daérah Pemilihan (Dapil) 2 di Kacamatan Cugenang. Ieu kagiatan anu lumangsung khidmat téh janten momentum kanggé nguatkeun konsolidasi sakaligus nampung aspirasi masarakat.
Acara ieu dihadiri ku perwakilan relawan sareng pangurus ranting ti opat kacamatan, nyaéta Cugenang, Warungkondang, Gekbrong, sareng Cibeber. Kagiatan anu dilaksanakeun kalayan basajan ieu dipungkas ku doa sareng buka puasa babarengan.
Dina biantarana, H. Fahmi nandeskeun yén basajanna acara ieu téh mangrupa wujud empati kana kaayaan masarakat, hususna di wilayah Cugenang anu nuju nyanghareupan mangsa sulit.
"Urang laksanakeun silaturahmi ieu sacara basajan, ningal kaayaan Cugenang anu nuju dina mangsa sulit. Mudah-mudahan urang tiasa tepang deui sareng Ramadan taun payun. Kami parantos ngagendakeun kanggé teras nganjang ka unggal kacamatan di Dapil 2 sacara rutin," saurna.
Salaku Ketua Fraksi PDI Perjuangan anu tugas di Komisi 1 (Widang Pamaréntahan), H. Fahmi negeskeun komitmenna kanggé ngintruksikeun anggota fraksina di komisi sanés supados damel nyata kanggé masarakat:
- Kaséhatan (Komisi 4): H. Fahmi ngadorong percepatan program Universal Health Coverage (UHC). Anjeunna nyoroti seueurna warga anu teu acan kadata, dugi ka kedah mayar sakumaha pasién umum nalika tatamba. "Sim kuring ngadorong supados masarakat énggal kadata, supados teu aya deui kendala biaya nalika aranjeunna udur," tegasna.
- Infrastruktur (Komisi 3): Anjeunna ngintruksikeun anggota fraksi di Komisi 3 kanggé mariksa désa-désa anu teu acan kasaba ku pangwangunan. Tujuanana supados program infrastruktur pamaréntah Kabupatén Cianjur tepat sasaran sareng rata.
Nandeskeun idéntitas PDI Perjuangan salaku partéyna rahayat leutik, H. Fahmi ngalaporkeun yén aksi nyata parantos dilakukeun ti méméh bulan Ramadan.
"Alhamdulillah, sateuacan Ramadan sim kuring parantos lungsur langsung ka masarakat anu peryogi ku cara nyalurkeun kirang langkung 1.000 pakét sembako. Sareng dinten ieu, nyaketan Idul Fitri, sim kuring nyalurkeun deui kirang langkung 200 pakét sembako khusus kanggé rékan-rékan perjoangan di tingkat kacamatan," tambihna.
Ieu kagiatan rutin taunan téh dipiharep tiasa ngajagi soliditas tim sakaligus mastikeun yén ayana wakil rahayat téh leres-leres karos mangpaatna ku masarakat lega di Kabupatén Cianjur. (R2)
