CIANJUR, JAWA BARAT – Aya nu béda dina parayaan Poé Kartini taun 2026 di Kantor DPC PDI Perjuangan Kabupaten Cianjur. Puluhan wanoja ti rupa-rupa lembur kumpul ngariung pikeun milu kagiatan Yoga bareng sarta nampi rupa-rupa bibit tangkal pikeun dipelak di imahna séwang-séwang.

​Ieu acara téh mangrupa kolaborasi antawis Perkumpulan Praktisi Yoga Nasional Indonesia (PPYNI) sareng Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Cianjur, Susilawati, S.H., M.H., M.K.P. Kalayan ngusung semboyan: “Meneladani Semangat Kartini: Perempuan Akar Rumput Berbudaya, Berdaya, sarta Berdampak.”

​Sumanget kaum wanoja katingal pisan dina ieu acara, salah sahijina nyaéta Roswanah (44), warga Bunikasih, Kacamatan Warungkondang. Anjeunna ngarasa bungah sabab ieu kagiatan téh langsung nyabak kabutuh masyarakat leutik, nyaéta kaséhatan raga jeung kalestarian lingkungan.

​"Alhamdulillah, abdi tiasa ngiringan Yoga supados awak jagjag, tur mulihna dibahanan bibit tangkal. Ieu téh saé pisan, janten urang téh diajar miara diri sareng miara alam. Mugia kagiatan kieu téh henteu sakali ieu hungkul, tapi tiasa teras-terasan (berkelanjutan)," saur Roswanah bari marahmay.

​Dina biantarana, Susilawati, S.H., M.H., M.K.P. negeskeun yén sosok Kartini jaman ayeuna kedah gaduh kakuatan dina rupa-rupa widang. Ku ayana Yoga, mental jeung fisik wanoja dikuatkeun, sedengkeun ku pembagian bibit tangkal, wanoja diajak janten pelopor penghijauan.

​"Sim kuring hoyong wanoja akar rumput di Cianjur janten 'Kartini' anu nyata. Sanés ngan saukur ngagem papakéan adat, tapi ogé kedah berbudaya, berdaya dina ékonomi jeung lingkungan, sarta tangtosna masihan dampak anu saé kanggo kulawarga. Nandur tangkal hartosna nandur kahirupan kanggo barudak urang jaga," teges Susilawati.

​Ieu kagiatan jadi bukti yén PDI Perjuangan Kabupaten Cianjur terus satia ngaping masyarakat, hususna kaum wanoja, sangkan terus maju sarta mawa parobahan anu positif luyu jeung cita-cita Ibu Kartini.

(Burdah)