WARUNGKONDANG, CIANJUR – Sababaraha urang tua siswa sarta warga di sabudeureun Desa Bunikasih, Kacamatan Warungkondang, ngeluhkeun kawijakan pere ngadadak anu dilarapkeun ku SMP Pelita Anugrah Bangsa 1 jeung SMK Pelita Anugrah Bangsa 2. Dieureunkeunana aktivitas sakola ieu jadi tanda tanya badag, lantaran dilakukeun nalika sakola-sakola séjén di wilayah Cianjur mah tetep ngayakeun kagiatan diajar ngajar (KBM) sakumaha biasana.
Dumasar kana pantauan di lokasi, panto gerbang sakola katingali sepi taya aktivitas pendidikan. Hal ieu dianggap anéh ku masarakat satempat, ngingetkeun euweuhna surat béwara resmi atawa konfirmasi ti awal ngeunaan alesan eureunna operasional sakola pikeun samentara waktu. Nalika dipariksa ngaliwatan telepon, siswa ogé méré katerangan yén mémang bener euweuh surat béwara naon-naon.
Sababaraha urang tua siswa ngarasa kuciwa ka pihak manajemén sakola. Maranéhna nganggap kateujelasan informasi ieu bisa mangaruhan kana éféktivitas diajar barudak.
"Sakola séjén mah kabeh arasup, naha ari di dieu bet pere? Kami salaku kolot ngarasa bingung lantaran euweuh béwara anu jélas saméméhna. Hariwang ieu téh ngaganggu kana kurikulum barudak," ceuk salah saurang perwakilan warga anu embung disebutkeun ngaranna.
Nepi ka ieu berita dindikeun, upaya klarifikasi geus dilakukeun ka pihak manajemén sakola. Nanging, Kepala Sakola SMK boh SMP Pelita Anugrah Bangsa tacan méré réspon.
Nalika diusahakeun dihubungi ngaliwatan talatah singget WhatsApp, nomer kontak kadua kepala sakola kasebut katingali keur teu aktip. Hal ieu beuki nguatkeun spekulasi jeung keresahan di kalangan kolot siswa anu butuh kapastian ngeunaan masa depan pendidikan anak-anakna.
Masarakat jeung urang tua siswa ngaharepkeun pihak Yayasan atawa Dinas Pendidikan nu pakait bisa sagancangna turun leungeun pikeun méré guaran anu transparan. Warga nungtut sangkan aktivitas sakola bisa normal deui demi ngajamin hak pendidikan para siswa di Desa Bunikasih.
