Awal kejadian warga mareumam seuneu ku pakakas saaladarna. (Foto : Ali).
Cianjur | Musibah kahuruan lumangsung di Kampung Pangaweren RT 03/06, Desa Sukaratu, Kacamatan Bojongpicung, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, dina poé Jumaah (15/5/2026) kira-kira jam 14.15 WIB. Tilu unit imah warga ludes diduruk ku jago beureum.
Ngenesna, tilu imah anu kabeuleum téh taya lian ti milik tokoh masarakat satempat, nyaéta imah Agus Rohimat (Kepala Dusun III), Ibu Ami (urut Ketua RT), sarta Jaenal Muhsin (Ketua Badan Permusyawaratan Desa/BPD Sukaratu).
Waktos kajadian, para nu boga imah nuju teu aya di rorompokna masing-masing. Warga sakitar mimiti apal sanggeus ngadéngé sora gumuruh dibarengan ku sora bitu-bitu leutik. Teu lila ti dinya, haseup hideung ngagedur ka luhur. Barang dipariksa, tétéla imah Agus Rohimat geus dihakan seuneu, nu satuluyna éta seuneu téh mérébet ka imah kulawarga Ibu Ami.
Warga satekah polah silih tulungan mareuman seuneu maké pakakas saaya-aya, mimiti ti ember, baskom, nepi ka jolang. Sanajan kitu, saatos imah Agus rungkad, seuneu kalah beuki ngagedéan di imah Ibu Ami sarta terus ngarémbét ka imah Jaenal Muhsin. Untungna, teu lila ti dinya, hiji unit mobil pamadam kahuruan (Damkar) ti Ciranjang anjog ka lokasi.
Jaenal Muhsin, salaku korban sakaligus Ketua BPD Sukaratu, nyaritakeun yén asal seuneu téh mimitina ti imah Pak Kadus Agus.
"Titik seuneu mimitina di imah Agus, terus mérébet ka imah Ami sarta ka imah kuring. Untungna, pas seuneu masih di imah Ami, hiji unit Damkar ti Ciranjang datang. Imah kuring mah ngan bagian hareupna hungkul anu kabeuleum, kaca jandéla hareup ogé bareulah," ceuk Jaenal.
Jaenal ogé ngahaturkeun nuhun ka warga satempat, patugas Damkar Ciranjang, Kepala Desa sakanca, aparat kacamatan, pulisi, Koramil Bojongpicung, Bhabinkamtibmas, sarta Babinsa anu geus babarengan mantuan mareuman seuneu.
Kepala Desa Sukaratu, Rahmat, ngedalkeun rasa prihatin sarta duka anu jero kana ieu musibah.
"Sim kuring dugi ka teu tiasa nyarios nanaon. Mudah-mudahan kulawarga anu kenging musibah dipaparin kakuatan iman, kasabaran, sarta katawakalan," pokna.
Numutkeun Rahmat, laporan awal ngeunaan ieu kajadian parantos ditepikeun sacara samentara ngaliwatan WhatsApp. Ari laporan resmi tinulisna mah bakal dikintunkeun ka Bupati Cianjur dinten Senén payun.
