CIANJUR, 23 Méi 2026 – Anggota DPRD Kabupaten Cianjur ti Fraksi PDI Perjuangan, H. Fahmi Zulfahmi, ngalaksanakeun kagiatan reses masa persidangan ka-3 taun 2025-2026 anu tempatna di Aula Desa Nyalindung, Kacamatan Cugenang, Kabupaten Cianjur, dinten Saptu (23/5).
Kagiatan ieu dihadiran langsung ku Kepala Desa Nyalindung, Moh. Zaenudin, Bhabinkamtibmas, Babinsa, sarta puluhan warga satempat anu antusias nepikeun aspirasina.
Dina biantarana, H. Fahmi Zulfahmi negeskeun yén kagiatan reses ieu sanés ngan ukur kawajiban konstitusional, nanging wujud silaturahmi sakaligus upaya timbal balik pikeun ngawujudkeun jangji-jangji pulitik anu kantos didugikeun nalika masa kampanye kapungkur.
"Silaturahmi dinten ieu téh wujud komitmen sim kuring ka warga. Sim kuring hadir pikeun ngadangu langsung naon anu janten kabutuhan masarakat di Desa Nyalindung, supados jangji anu kantos didugikeun kapungkur tiasa urang wujudkeun sasarengan ngalangkungan jalur legislatif," saur Fahmi.
Dina sési dialog, Kepala Desa Nyalindung, Moh. Zaenudin, sacara khusus nyuhunkeun perhatosan Fahmi ngeunaan kaayaan jalan alternatif di wilayahna. Ngemut kana akses jalan anu ayeuna kacida heureutna tur nyusahkeun mobilitas pengendara, Kades ngaharepkeun aya pelebaran jalan supados lalu lintas warga janten langkung lancar.
Nanggapi pamundut éta, Fahmi komitmen pikeun ngawal aspirasi éta dugi ka tiasa kacumponan.
Salian infrastruktur, warga ogé nepikeun kendala administratif patali jeung nyieun KTP, Kartu Keluarga (KK), sarta dokumen kependudukan séjénna. Patali jeung hal ieu, H. Fahmi anu linggih di Komisi I DPRD Kabupaten Cianjur—komisi anu ngabidangan urusan pamaréntahan jeung kependudukan—nyatakeun kasadiaannana pikeun ngabantos masarakat saluyu sareng tupoksinana.
"Salaku anggota Komisi I anu ngabidangan masalah kependudukan jeung pamaréntahan, sim kuring siap ngafasilitasi sarta ngabantos warga supados prosés administrasi kependudukan tiasa langkung gampil tur éfisién," tambihna.
Kepala Desa Nyalindung, Moh. Zaenudin, nepikeun apresiasi anu satinggi-tinggina kana kasumpingan H. Fahmi Zulfahmi. Anjeunna miharep patepang lawuh ieu mawa barokah pikeun sakabéh warga Desa Nyalindung.
"Sim kuring ngahaturkeun nuhun pisan kana kasumpingan Bapak Fahmi. Mugi kunjungan ieu janten jambatan kanggo warga nepikeun aspirasina, sarta urang sadaya ngaharepkeun supados naon anu dibahas dinten ieu tiasa énggal kacumponan demi kamajuan Desa Nyalindung," pungkasna. R2
