Teungteuingen, Mayit Orok Dipiceun ku Kolotna di Teras Warung di Desa Langensari. (Foto : Ali).

Cianjur | Warga Kampung Ciheulang RT 06/02, Désa Langensari, Kacamatan Karangtengah, Kabupatén Cianjur, Jawa Kulon, digégérkeun ku kapendakna mayit orok pameget dina dinten Kemis (21/05/2026) sakira tabuh 21.15 WIB.

Mayit orok anu nembé gumelar (lahir) kasebat kapendak dina kaayaan anu pikaruyungeun, dibungkus ku salembar kaén kafan di luhureun bangku téras salah sahiji warung.

Dumasar kana inpormasi anu katampi, warung-warung di Kampung Ciheulang biasana janten tempat balanja sakaligus tempat ngempelna para nonoman dugi ka tutup tabuh 02.00 WIB.

Nanging wengi éta, aya saurang warga anu nuju ngalangkung ujug-ujug ngajerit histeris jalaran ningali bungkusan anu mirip pocong alit ngagolér di téras salah sahiji warung. 

Éta jeritan téh langsung ngondang kasumpingan warga sabudeureunana.

Disaksian ku Katua RT/RW, sareng tokoh masarakat satempat, bungkusan kaén bodas kasebat diparios kalayan taliti.

Warga ogé kacida pikareuwasna sabat uninga yén eusi bungkusan éta téh nyaéta mayit orok anu disangki nembé pisan dilahirkeun.

Ieu kapendakna orok nembé dilaporkeun ka Pamaréntah Désa Langensari, Bhabinkamtibmas, sareng Babinsa dina dinten Jumaah (22/05/2026) énjing-énjing.

Sarantos pihak désa sareng BPD nenjo ka lokasi sarta mastikeun leresna éta inpormasi, laporan langsung diteruskeun ka Polsék Karangtengah sareng Polrés Cianjur.

“Pamaréntah Désa Langensari sareng Bhabinkamtibmas ogé Babinsa langsung ngalaporkeun ieu kajantenan ka pihak kapolisisan. Mayit orok kasebat ayeuna parantos dicandak ku Jajaran Polrés Cianjur ka RSUD Sayang Cianjur kanggo diparios langkung janten,” saur Sekretaris Désa Langensari, Asep Bacang, Jumaah siang.

Ieu kasus dugaan micen orok téh ayeuna nuju ditalungtik ku tim panyidik Polrés Cianjur kanggo milari uninga idéntitas sepuh anu tega micen getih dagingna nyalira.