Pamarentah Desa Cidadap lumangsung ngawangun jalan desa. (Foto : Ali).
Cianjur | Sanaos nuju aya efisiensi, Pamarentah Desa Cidadap, Kacamatan Campaka, Kabupaten Cianjur, tetep sumanget ngalaksanakeun pangwangunan infrastruktur jalan di sababaraha tempat.
Kepala Desa Cidadap, Bapa H. Budiman, ngadugikeun yen pangwangunan anu parantos laksana ayeuna teh mangrupikeun hasil musyawarah babarengan dina acara Musrenbangdes taun pengker.
"Jalan anu parantos diwangun teh lokasina di Kampung Cidadap Hilir RT 06/01 sareng Kampung Ciwalen RT 02/04, ngagunakeun anggaran Dana Desa tahap 1 sareng 2 TA 2026,"ceuk H Budiman, Rebo (10/6/2026).
Laksanana pangwangunan jalan desa ieu teh teu leupas tina peranan sareng bantosan warga sarta sakumna elemen masyarakat di Desa Cidadap.
Bapa H. Budiman ngaharepkeun, ku ayana jalan desa anu sae ieu tiasa ngabantos muterkeun roda ékonomi sareng ngalancarkeun aksés pendidikan kanggo barudak sakola.
