CIANJUR – Satuan Reserse Kriminal (Satreskrim) Polres Cianjur hasil ngungkab kasus pencurian kalayan kekerasan (curas) anu lumangsung di Kampung Selajambe, Desa Selajambe, Kacamatan Sukaluyu, Kabupaten Cianjur. Dina ieu pangungkaban, pulisi hasil ngamankeun saurang palaku nu miboga inisial AS (Asep Setiawan) katut barang bukti sapédah motor.
Kajadianana dimimitian dina poé Ahad subuh, tanggal 05 Juli 2026, kira-kira tabuh 04.14 WIB. Harita, korban anu inisialna FA (16) keur ngumpul jeung kurang leuwih 9 urang babaturanana di hareupeun toko pakéan "Serba 35".
Teu lila, jol aya dua urang nu numpak sapédah motor bari boncengan nyampeurkeun éta sakelompok budak bari ngacungkeun pakarang tajem jenis arit (celurit). Kusabab sieun diancam kitu, korban jeung babaturanana langsung bubar lumpat ninggalkeun sapédah motor nu diparkir di dinya.
"Sanggeus sakelompok jalma éta indit, korban balik deui ka lokasi, tapi mendakan sapédah motorna geus euweuh. Dumasar kana hasil mariksa CCTV di sabudeureun lokasi, éta kendaraan téh dibawa kabur ku salah sahiji ti kelompok éta nu ayeuna geus dipikanyaho ngaranna Asep Setiawan," ceuk Kasat Reskrim Polres Cianjur, AKP Fajri Amelia Putra, S.T.K., S.I.K., M.H., nalika méré katerangan pers di hareupeun kantor Satreskrim Polres Cianjur, Jumaah (10/07/2026).
Dina éta konferensi pers, pihak kepolisian ogé mintonkeun barang bukti mangrupa dua unit sapédah motor nu diduga patali jeung tindak pidana éta.
Kusabab kalakuanana, palaku dijerat ku Pasal 466 ayat (1) jo Pasal 307 ayat (1) Undang-Undang RI Nomor 1 Tahun 2023 ngeunaan Kitab Undang-Undang Hukum Pidana (KUHP). Palaku kaancam hukuman panjara lilana 7 taun.
Leuwih jauhna, AKP Fajri Amelia Putra ngahimbau ka masarakat, utamana para kolot, sangkan leuwih ketat dina ngawas budakna. Anjeunna negeskeun pentingna peran kolot pikeun mastikeun budakna henteu kalibet dina kelompok berandalan motor jeung ngawatesan kagiatan di luar imah nalika peuting.
"Kami ngahimbau ka para kolot sangkan terus ngajaga jeung ngawas budakna. Pastikeun aranjeunna henteu kalibet dina kelompok nu ngaganggu katartiban umum jeung sangkan tetep aya di jero imah nalika peuting demi kaamanan urang sararéa," pungkasna.
Laporan : Dayu

