Salah sahiji warga keur dipariksa kasehatan matana ku petugas nu ahli dina bidangna. (Poto : Ali).

Cianjur, sunda_update,- Sahenteuna 50 warga ti dalapan désa di Kacamatan Haurwangi, Kabupatén Cianjur, Jawa Kulon, ngantreun pikeun milu pamariksaan kaséhatan mata gratis di Aula Kantor Kacamatan Haurwangi, Jumaah (9/7/2026) mangkukna.

Kagiatan anu dibuka ku Sékretaris Kacamatan (Sékcam) Haurwangi, Yana Budiyana, éta diprakarsai ku PT Mitra Bisnis Keluarga (MBK) jeung BAZNAS Propinsi Jawa Kulon, sarta ngalibetkeun tanaga ahli mata ti Kabupatén Cianjur.

Sékcam Haurwangi, Yana Budiyana, ngécéskeun yén pihak kacamatan ngan ukur tugasna memfasilitasi tempat palaksanaan, sedengkeun pamilon anu hadir nyaéta warga ti sakumna désa di wewengkon Kacamatan Haurwangi.

“Kami ngahaturkeun nuhun ka MBK jeung BAZNAS anu parantos paduli jeung ngalaksanakeun bantuan sosial pikeun warga kami, hususna sepuh anu ngagaduhan keluhan mata. Dina waktos anu caket, aranjeunna ogé badé ngayakeun deui bakti sosial panyaluran santunan,” saurna.

Samentara éta, Supervisor Dwi Mayang, didampingi Asisten Régional Manajer PT Mitra Bisnis Keluarga Ventura (MBKV) Deti Rustyana, nambahan yén kagiatan ieu mangrupikeun program taunan MBK anu rutin dilaksanakeun dina rupa-rupa waktu jeung tempat anu béda.

“Sapertos anu dilaksanakeun di Kacamatan Haurwangi ieu, kami nyayogikeun kacamata pikeun anu peryogi, khususna sepuh. Nanging, sateuacan kacamata dipasihkeun, para pamilon kedah ngajalanan pamariksaan mata heula,” tambahna.