Kahuruan Kios di Campaka Cianjur Balukar Korsleting Listrik. (Poto : Ali).

Cianjur, sunda_update,– Kajadian kahuruan lumangsung di Kampung Babakan Lapang, RT 07 RW 01, Désa Sukajadi, Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur, dinten Saptu (1/8/2026). Kahuruan anu narajang hiji kios sareng eusina éta kajadian sakitar jam 17:15 WIB.

Patugas Kapala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) nampi laporan mimiti jam 17:00 WIB teras langsung nindakkeun kajadian éta. Dumasar laporan samentawis, kahuruan disangka balukar tina korsleting arus listrik.

Penanganan awal di tempat kajadian dilaksanakeun ku warga satempat anu gotong royong mareuman seuneu sateuacan patugas pemadam kebakaran (damkar) sumping ka lokasi. 

Nepi ka ayeuna, teu acan aya laporan ngeunaan korban jiwa dina kajadian ieu, tapi rugi material ditaksir ngahontal ratusan juta rupiah kusabab kios sareng barang-barang di jerona anu hangus kabakar.

Musibah ieu meunang réspon gancang ti sababaraha unsur. Patugas gabungan ti Polsek Campaka, Damkar Pos 5, Koramil Campaka, Satpol PP Kacamatan Campaka, ogé Korcam sareng Kordes Retana Campaka langsung turun ka lokasi pikeun ngalaksanakeun assessment sareng évakuasi. Bupati Cianjur ogé parantos nampi laporan ngeunaan kajadian ieu. 

Kapala Désa Sukajadi sareng parangkat désa ogé Puskesmas Campaka milu dina penanganan sareng pendataan warga anu katarajang.

Pihak anu berwenang ngimbau ka masarakat supados langkung waspada kana potensi bahaya listrik di imah masing-masing sareng mariksa sacara berkala instalasi listrik pikeun nyegah kajadian kahuruan anu sami.