Béngkel Motor jeung Sababaraha Kios Sisi Jalan Kaduruk Ludes Jadi Lebu. (Poto : Ali).

Cianjur, sunda_update,- Béngkel motor tambal ban, kios nu ngajual Bahan Bakar Minyak (BBM) jenis pertalite, tabung gas LPG 3 kg, jeung sababaraha kios dagangan kadaharan anu aya di sisi Jalan Raya Tunturunan Jangari, persisna di Kampung Cicadas, Désa Sukasirna, Kacamatan Sukaluyu, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, ludes kabeuleum nepi ka jadi lebu.

Seuneuna disangka asalna tina percikan korek api anu ngenaan BBM nu keur dituangkeun kana botol. Teu lila, seuneu langsung ngagedéan sarta ngarambat ka kios-kios di sabudeureunana, nepi ka sababaraha warung jeung bengkel ancur.

Patugas pemadam kebakaran geus langsung dikerahkan ka lokasi. Dua unit mobil Damkar ti Mako 2 Ciranjang jeung hiji unit ti PT Puyen datang pikeun mareuman seuneu. Untungna, kajadian ieu teu nepi ka aya korban jiwa. Ngan, nu boga kios diperkirakeun rugi kira-kira Rp50 juta.

Wakil Komandan Regu Mako 2 Damkar Ciranjang, Ahmad Zaelani, ngécéskeun yén pihakna narima laporan ti warga kira-kira jam 13.20 WIB. Tim tuluy mangkat kalayan ngagerakkeun dua unit mobil Damkar jeung tujuh urang personel.

“Seuneu gancang pisan ngarambat ka béngkel tambal ban, kios BBM, gas LPG 3 kg, ban bekas, ban anyar, jeung kios-kios kadaharan séjénna. Sabadana nepi jeung ngamimitian mareuman, teu lila mobil Damkar ti PT Puyen ogé datang tuluy mantuan mareuman seuneu,” pok Zaelani.

Numutkeun carita nu boga kios, kajadian kabeuleumna téh pas anjeunna keur ngeusikeun BBM kana botol. Harita, budak leutikna keur nyalakeun korek api teu jauh ti dinya, nepi ka percikan apina nyamber BBM nu keur dituang.

“Ieu kajadian téh murni kacilakaan. Henteu aya korban jiwa, ngan rugina kira-kira Rp50 juta,” pungkas Zaelani.