CIANJUR — Sekretaris Lurah Sayang, Kecamatan Cianjur, Kabupaten Cianjur, Deden Subhan, S.E., ngadugikeun yén pihak kelurahan parantos ngalaksanakeun deui sosialisasi ku cara ngondang Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil), Dinas Sosial, katut para ketua RT sareng RW sa-Kelurahan Sayang. Éta kagiatan didugikeun ku Deden di rohangan karyana, Jumaah (23/10/2026).
Dina éta sosialisasi, para ketua RT sareng RW dipaparin aplikasi anu ngagaduhan fungsi pikeun mendeteksi layak atanapi henteuna warga nampi bantuan. “Fungsi éta aplikasi tiasa mendeteksi naha ieu (warga) layak atanapi henteu ku ketua RT sareng ketua RW anu tos dipaparin éta aplikasi,” saur Deden.
Anjeunna ngaharepkeun data anu sateuacanna dianggo ku oknum anu teu tanggel waler tiasa diverifikasi deui ku RT sareng RW. Ku cara kitu, anjeunna ngaharepkeun warga anu ngagaduhan hak tiasa nampi deui bantuan sakumaha anu diharepkeun ku masyarakat.
Deden ogé negeskeun pentingna kasadaran masyarakat supados teu nyalahgunakeun dokumén administrasi kependudukan. Sosialisasi dilaksanakeun unggal aya rapat atanapi riungan sareng masyarakat, kalebet dina moméntum Muludan sareng Rajaban. “Maranéhanana disosialisasikeun supados masyarakat sadar. Unggal aya riungan sareng masyarakat, kalebet dina moméntum muludan sareng rajaban, diwawantian ka masyarakat supados putrana teu kenging ngagunaakeun nomer induk KK atanapi KTP sepuhna kanggo nambut artos atanapi pinjol sareng judol,” saurna.
Numutkeun Deden, taraf ékonomi masyarakat Kelurahan Sayang mah kaseueurannana menengah ka handap. Pasualan timbul nalika warga hoyong nampi bantuan, nanging data désil karaharjaannana luhur. Anjeunna ngajelaskeun, anu nampi bantuan téh kedahna aya dina désil 1 dugi ka 4, sedengkeun seueur warga Kelurahan Sayang anu aya dina désil 5 dugi ka 10 sahingga teu nampi bantuan.
“Ku margi kitu, ku sim kuring dikembalikeun deui sabab teu kenging nalika désilna luhur, padahal kedahna éta téh bép / seep dibagikeun ka warga masyarakat anu ngagaduhan hak,” walerna.
Ngyagikeun hal kasebat, Deden ngawanti-wanti masyarakat supados ngahubungi ketua RT sareng RW kanggo ngalaksanakeun verifikasi ngaliwatan aplikasi anu tos dipaparin. Verifikasi éta dilaksanakeun kanggo ngadata deui warga anu ngagaduhan hak. Anjeunna nyebutkeun, anu nampi mangpaat di Kelurahan Sayang kurag langkung aya dina angka 1.000 tina jumlah 7.000 langkung warga.
Ka payunna, pihak kelurahan bakal teras ngahimbau masyarakat supados teu ngagunaakeun serat administrasi kependudukan minangka alat kanggo nambut artos ngaliwatan judi online atanapi pinjaman online. Numutkeun Deden, penyalahgunaan data kasebat bakal kadeseksi tur ngahasilkeun pangaruh kana dieureunkeunnana paparin bantuan sosial.



.gif)

